Rabu, 09 Juni 2021
KABELEJOG ASIH - Bagéan 15
15
Saprak
panggih di tukang és kalapa ngora, kuring mimiti remen chat jeung Pa Irfan.
Saling curcor. Saling titip pasangan, bisi aya informasi anu sakirana
nyaangkeun jalan pikiran. Saling ngingetan. Asa aya batur pakukumaha.
Bingung ogé, rék laporan hal Néng Sari
téh, sabab Néng Sari gé babaturan kuring kénéh. Asa teu ngeunah, sieun majar
rék ngaruntag-keun
rumah tanggana. Sok komo can katohyan bener henteuna bobogohan jeung Si Robi. Sieun malah jadi
fitnah. Tungtungna mah, laporan ngeunaan Néng Sari, difilter heula ku kuring.
Teu saujratna teuing dibéjakeun ka Pa Irfan. Tapi kuring mah oomatan ka Pa
Irfan, sangkan
tong aya nu disumput-salindungkeun, saumpamana ningali atawa apal béja
ngeunaan Si Papah.
Salila ieu, euweuh nu matak
pibahayaeun. Manéhna soméah tur sopan. Jajauheun cunihin. Teu, teu saeutik gé.
Hiji mangsa kuring narima telepon ti Si
Dédéh, geus katebak, buruduuuul wé, eusi nu aya na haté ngaburudul. Teuing
atuh, ka Si Dédéh
mah, haté téh sok uduh, teu bisa rékép kana rusiah.
Pas dibèjakeun sok konték jeung Pa
Irfan, Dédéh malah ngageuhgeuykeun, cenah, kahadé bisi jadi kagémbang.
Kuring kéképéhan, teu
ruma-sa bakal
boga rasa lain ka Pa Irfan. Ukur batur curhat. Titik.
Bérés teteleponan jeung Dédéh, bangun
anu terus rasa, Pa Irfan nelepon. Kuring cicing babaraha detik. Antara diangkat
jeung henteu. Biasana mah, mun rék nelepon, manéhna sok nga-WA heula. Teuing mun pohoeun.
Lalaunan hénpon
dipencét kenop "tarima". Sora khas Pa
Irfan langsung minuhan rohangan haté. Tapi pas Pa Irfan méré nyaho permasa-lahan, kuring leuleus
meuyeu, lir dipupul bayu. Cenah Pa
Irfan ningali Si Papah
keur di toko emas "Sagara". Duh, Ya... Allah... Naaa ari lalaki, sok babari
pisan kaolo ku awéwé modél kitu. Racun dunya. Teu karasa, sugan, Si Papah mah, keur dikedut
ku Si Sofia Foréver.
Sora Pa Irfan geus teu puguh
kadéngéna. Awak asa disuntrungkeun, tuluy dibawa lumpat. Geus rérékép jeung
maké tiung sakeunana, belenyeng wé, kuring maké motor bari lahaolla. Ari
kapeurih mah teu bisa dikukumaha ku batur. Motor lumpat tarik pisan. Teuing
kabeneran teuing lain, tapi da lamun dititénan mah, sagala rupa gé taya nu kabeneran. Geus
diguratkeun ti dituna.
Bener ogé, mobil Si Papah markir kénéh di
hareupeun toko emas. Rét kuring ngarérét ka lebah jero toko. Euweuh duanana gé.
Tadina, kuring rék mapayan toko emas, dipikir-pikir, kacapé-capé. Mending
ngadagoan di gédéngeun mobil si Papah. Motor diparkirkeun di peun-taseunnana.
Kuring satengah keketeyepan, niat rék
ngahongkeun duanana. Panon poé anu éréng-éréngan geus teu dirasa. Késang ngucur
minuhan awak. Késang sagala rupa. Jantung ratug, leuwih-leuwih keur diberik jurig.
Panon rurat rérét kaditu kadieu. Geus teu genah cicing. Mobil nu parkir
gigireun mobil si Papah lalaunan mundur, tuluy indit. Ayeuna awak kuring ukur
kahalangan tihang umbul-umbul,
anu kabeneran nanceb gigireun mobil.
Kaén umbul-umbul luak léok katebak angina. Dua
dedegan nu kukuring keur didago-
dago, tembong
ngolébat. Gebeg, haté ngagebeg. Kuring
mundur saeutik, sangkan teu kacirieun ku maranehna, nu rék ka nu mobil.
Léngkahna beuki deukeut, beuki heureut. Haté asa dicampur beleson. Dar dér dor teu pararuguh.
Tas nu nyoléndang,
dikatukangkeun. Lalaunan kuring pindah ka tukangeun mobil. Leungeun si Papah digandéng ku Si Sofia, geugeut pisan. Sirahna
disarandékeun kana puhu
leungeun Si Papah.
Pas duanana aya di hareupeun mobil,
kuring ujug-ujug
wanian, maké daék nyampeur-keun
sagala rupa.
"Pah, na Papah rék kieu
waé?" kuring
neuteup seukeut.
Si Papah bangun anu kagét ujug-ujug aya kuring. Panonna
satengah nolol. Leungeun si Sofia lèsot sorangan. Kuring ngabetot leungeun Si Papah. Haté ngagugudag,
dada nyéak. Sigana mun neundeun liweteun, bakal asak saking ku ngagedurna.
Léngkah Si
Papah pered, sing horéng dita-han ku Si Sofia. Kuring mureleng, napsu
mimiti kapancing. Tadina mah, urusan téh rék jeung Si Papah wungkul, tapi kagok
ari geus kieu carana mah.
"Naon maksudna, Ibu ngahalangan salaki
batur?" kuring nantang.
"Ibu saha? Naon maksudna Ibu ngabe-benyèng Akang?" teu kireum-kireum, Si Papah diakangkeun ku
manèhna.
Sugan bongé. Geus puguh kuring
nyebutkeun yén anu dibenyéng téh salaki kuring. Beuki wé ceuceub.
"Ieu salaki abdi, Ibu saha? Ohhhh ieu anu disebut
pelakor téh? Perebut
laki orang? Aya ku
saé atuh, Bu... Sanés Ibu gé tos gaduh
carogé?"
Rey beungeut Si Sofia beureum. Teu puas
kitu, kuring
nambahan carita deui.
"Cik atuh Bu, tong hawek... Badé di ka manakeun Pa Rahman, sakitu
bageurna?"
kuring nyanyahoanan.
Plak.
Leungeun Si Sofia ujug-ujug ngagaplok beungeut.
Serrrr getih na sirah langsung naèk. Kuring napsu. Gampleng-gampleng Si Sofia digaplokan. Awakna
disurungkeun ka nu mobil. Tas solèndang kuring ragrag. Kuring ngamuk. Si Sofia ngalawan. Gep raramo Si Sofia kana tiung, tuluy
dibenyèng ka tukang. Kuring asa kacekék, leungeun kuring nyekelan leungeun
manéhna, anu keur
ngabenyéng tiung. Geus kacekel mah, gewewek kukuring digégél satarikna. Goak Si Sofia ngagoak. Leungeunna
leupas.
Si Papah misah, awak kuring jeung awak
Si Sofia dihalangan.
Leungeunna anu badag mampu jadi panghalang. Kuring dicarékan bé-béakan. Majar kuring teu
boga étika, majar bolo-ho,
teu éra ku sabudeureun, majar ngérakeun salaki. Kuring teu éléh-géléng, nyarita laklak
dasar hareupeun Si
Papah, yén Si Sofia mah ukur
ngamangpaatkeun.
Lain kadua sadar,
awak kuring
malah disurungkeun, terus nitah Si
Sofia asup ka nu mobil. Kuring neunggeulan si Papah gemes, bari ceurik. Anu
ngaliwat tungtungna mah narempo-keun, bari teu wani misah.
Ngan bangunna kararunyaeun ka kuring. Si Papah nyurungkeun awak kuring deui, bari nitah balik ka Ambu.
Langit ngadadak poèk mongkléng.
***
Selasa, 08 Juni 2021
KABELEJOG ASIH - Bagéan 14
Yasana Queen Erni
14
Satpam nu hokcay, ukur nuturkeun gerak-gerik kuring. Teu loba carita, kuring ngaja-lankeun motor lalaunan, ka luar aréa pabrik, bari bingung rék nuturkeun ka lebah mana. Apal pikieueun, baheula kungsi aya anu sok datang ka sakolaan, nawarkeun alat détéksi di mana ayana barang urang, mangrupa chip. Cara gawéna, si chip éta téh ukur ditémpél di tempat nu nyum-put, jarak 5 nepi 10 kilo mah, bisa kadétéksi. Kaduhung teu meuli. Tapi da kaduhung ayeuna mah, lain solusi.
Luak lieuk bingung, da geus puguh basa
mobil si Papah ka luar, teu kaciri, da kahalangan bénténg. Rét, ka si tétéh
tukang dagang loték, anu
di peuntaseun jalan téa... Keur
nundutan, geus moal eucreug, mun ditanya. Rét ka kios roko beulah kéncaeun
pabrik, keur diriung ku nonoman, bari cacalakatakan, bangun meunang kabungah nu
gedé. Nikmat pisan.
"Kang, punten, manawi aya nu
ninggal, mobil bodas anu nembé ka luar pabrik?" kuring wawanianan megat
obrolan nu aya di kios.
Anu keur saleuseurian langsung jep,
siga gaang katincak. Kabéh sakumna nu aya nempo
ka kuring.
"Kumaha, Téh?" nu boga
kios malik nanya.
"Muhun, manawi aya nu ninggal,
mobil bodas anu nembé ka luar ti pabrik, jig na ka palih mana?"
Sababaraha detik euweuh nu ngajawab,
ting haruleng, bangun keur ngaréka, nginget-nginget kajadian nu tadi geus kaliwat.
"Kadieu..." dua urang
lalaki, mani bareng ngajawab, bari tutunjuk. Hanjakal, leungeunna teu kompak. Nu
hiji ka lebah kénca, nu hiji ka lebah katuhu.
"Nu balég atuh, Sim, kumaha ngabéjaan téh, teu
kompak pisan." tukang kios nahan seuri.
"Oh, hatur nuhun... Wios...." kuring teu
loba omong.
Moal pibalégeun kieu carana mah.
Kuring mutuskeun nelepon Si
Sofia. Susuganan diangkat. Ah, dasar Forevpret, sababaraha kali dikonték, teu
diangkat. Tungtungna motor digas arah balik. Percuma da ditéangan gé, teu
puguh. Sajajalan mikiran Si
Papah nu geus tèga nga-nyenyeri.
Piraku kudu diduakeun
sing cilaka mah.
"Gusti... hapunten abdi... Na mani kieu-kieu teuing
lalakon hirup. Asa ku tebih sareng nu ngarana sakinah mawadah warohmah téh," kuring norowéco
sorangan.
Lebah tukang és kalapa ngora, kuring
niat rék istirahat, teu kuat ogé tikoro, halodo karasana. Saenggeus
dieureunkeun mah, konci motor dicabut. Gék diuk na korsi palastik warna héjo
ngora, anu geus disadiakeun. Tukang kalapa sigep. Ketrak-ketrak, kalapa dibeulahan.
Can gé mesen. Song kalapa diasongkeun.
"Ah Mang, kolot Ning, ieu mah." kuring
protés.
"Oh, kirang ngora, nya, Téh... Mémang, anu ngora mah,
langkung ngagoda, langkung seger,"
tèmbalna haré-haré.
Serrrrr getih asa lumpat gancang pisan
naék kana sirah. Maksudna naon, tukang kalapa maké ngomong-ngomong nu ngora.
Kasebelan. Asa hayang ninggangkeun kalapa éta tungtung-na mah.
"Badé nganggé cigula beureum,
moal, Téh?" tanyana.
Kuring horéam ngajawab. Ukur gideug.
Teuing kuring keur
sénsi sugan, tukang kalapa ngomong naon, dihartikeun kuurang naon.
Song kalapa anu lumého diasongkeun.
Teu poho séndok jeung sedotannana. Regot, regot, kuring ngaregotan, nikmat pisan. Tikoro anu
garing, jiga paceklik disiram hujan.
Keur ngeunah-ngeunah ngaregotan cai
kalapa ngora, ujug ujug aya mobil hareupeun. Reuwas ogè aya mobil Pa Irfan,
diparkir gigireun motor kuring pisan. Kuring rikat melong nembus jero kaca mobil.
Teu kaciri, da maké kaca pilem. Bangunna kaca pilemna anu ukuran 60 persénan.
Sora
panto mobil anu muka, ngagiring panon nuturkeun, nempo saha anu turun. Singhoréng Pa
Irfan.
"Mana Néng Sari, Pa?" kuring
cengkat.
Solongkrong leungeunna disolongkrong-keun. Pa Irfan imut. Duh,
éta imutna, teu éléh seger jeung kalapa ngora anu keur diregot.
"Ih, puguhan sugan téh nuju
sareng Ibu."
Gèk manéhna diuk gigireun.
Kuring ngeleter. Asa canggung. Diuk ngésér saeutik. Api-api méré tempat.
"Henteu, Pa... Acan kantos kontékan deui," témbal kuring bari
ngayun-ngayun suku.
Pa Irfan mesen kalapa ngora ogé.
"Duh, kumaha rék ngomongna, nya. Asa ku karagok. Hayang
amitan." haté galécok.
"Sanés, Bu... Abdi nembé ningal mobil
bodas, sapertos anu tuang Raka. Ari
sugan téh sareng ibu... Mung
ditididan, tapi teu ngawaler. Ari
pas ayeuna, ningal Ibu
nuju nyalira di dieu."
"Di mana, Pa?" jantung
mimiti ratug.
"Èta, di apoték Kasih, tapi duka
ayeuna mah, sigana tos teu aya."
Bener ogé, mun ngudag logika, ka apoték
paling rék meuli ubar. Moal ngadon lila, ari keur teu ngantri mah. Komo deui
ayeuna mah poé dines. Kuring nenang-nenangkeun manéh. Bari jeung nyobaan mikir
panjang.
"Duh, ku hanjakal, tadi basa keur
di pabrik bulu mata, teu ménta alamat imah Si Sofia Foréver..." kuring
ngocoblak sorangan na jero haté.
"Tambih deui, atuh, Bu... Kalapana." sora tukang
kalapa ngagètkeun lamunan.
Kuring anu keur nyedotan gelas kosong, langsung sadar. Tukang
kalapa nyéréngéh konéng.
Si kasebelan, geus néang gara-gara deui wé.
Rét kuring ka Pa Irfan, ukur leungeunna nu nga-manggakeun bisi rék pesen deui. Teu
ngomong, da keur anteng jeung sedotan ogé.
Kuring gideug sopan.
Nempo kuring kawas anu bingung, Pa
Irfan surti. Geus bérés-bérés
nginum kalapa mah, manéhna ngajak ngobrol lalaunan.
"Tong janten émutan, Bu... Sareng rérén-cangan kantorna, éta
téh."
"Sanès, Pa...justru sareng anu
dicuriga ku abdi téa... saleresna. Abdi
nuju ngudag aranjeuna, Pa... Mung
kabujeng mabur,"
kuring teu sadar, bet langsung curhat. Kagok.
"Ngudag ti mana, kitu?"
"Ti tempat damelna, Pa..
nyaéta..."
Tukang cikalapa bangun képo. Awakna
nukangan, tapi cepilna siga anu direbing-rebing. Kuring méré kodeu ka Pa Irfan. Curuk ngahaja
diantelkeun na biwir, supaya ngobrolna tong tarik teuing. Tukang cikalapa
bangun terus rasa keur diomongkeun. Lieuk, manèhna ngalieuk ka lebah kuring
jeung Pa Irfan.
Kuring asa katohyan.
***
ARAH KARYA SASTRA - Bagian 1
Oleh Doddi Ahmad Fauji
Kenapa manusia mesti menulis, dan kenapa karya sastra mesti ditulis? Buat apa? Untuk apa?
Saya ujug-ujug teringat sastra ketika di suatu petang kian meremang, dalam rintik hujan masih mengguyur, dan harus melanjutkan perjalanan dengan samar arah tempuh. Di hadapan, tampak hutan lebat, kanan bukit, kiri jurang, di seberang jurang tampak bukit berselimut kabut, matahari sudah lingsir, senja kian temaran perlahan, dan nyali saya tiba-tiba ciut, karena akan memasuki jalan yang dipayungi rumpun bambu di kanan kiri, pohon-pohon besar, seorang diri, berkendara roda dua. Di depan tampak benar-benar poek, dan sinyal googlemap terlihat lup-lep. Saya ingat meong congkok yang galak, ular piton yang bisa membelit, maung kajajaden yang suka ujug-ujug hadir di hadapan, atau ririwa dan bagong teler, dan lain-lain. Dalam hati saya berbisik: Lanjutkan jangan, lanjutkan atau balik lagi?
Rasa kasih dan cinta telah mengusir semua ketakutan dan kecemasan. Ia menjelma sepenggal puisi, lalu puisi jadi jadi mantra untuk mengusir bala, jadi doa yang meneguhkan hati:
"Sima aing sima maung. Aing leuwih nyiliwuri batan jurig batan dedemit. Prung mamprung. Poek jadi caang, owa jeung surili jadi balad, oray nyingray bueuk unggeuk. Sakabeh sato nu galak atawa harak, taya kawani ka kami, da wungkul Pangeran nu Kersaning Kawasa. Puah!"
Ya, saya mesti menulis puisi atau esai, agar menjadi puisi atau mantra, doa atau singlar, agar saya tidak takut, dan selalu waspada, sekalipun saya berkelana sore itu, sebenarnya masih di kawasan Bandung, jadi kenapa mesti takut oleh hutan di Bandung, bukankah sudah tidak ada Maung Bandung? Maung sih ada, di depan kantor koramil berupa patung, atau dalam yel yel viking.
Bandung 150 ribu tahun silam, adalah berupa undakan tanah besar yang diberi nama Gunung Jayagiri. Ia meledak begitu dahsyat, menyebabkan es mencair di kutub selatan, dan efekdomino-nya membuat volume laut bertambah, sehingga dataran rendah seperti di kawasan Sunda dan Sahul, jadi terendam dan sekarang menjadi laut Jawa di barat, yang memisahkan Pulau Sumatra, Melayu, Kalimantan Jawa, serta perairan Arafuru di timur, yang memisahkan Pulau Papua dan Benua Australia.
Ini yang juga perlu kita renungkan, ternyata Sulawesi, Maluku, serta beberapa Pulau di Sunda Kecil (Bali, NTB, NTT) sedari dulu sudah berpisah, atau dipisahkan oleh laut. Perpindahan air laut dari dan ke Samudra Pasifik – Samudra Hindia, itu terjadi melalui laut yang memisahkan Sulawesi dari paparan Sunda dan Paparan Sahul. Jadi, laut Sulawesi, Maluku, Sunda Kecil dari dulu sudah ada, dan semakin dalam setelah volume air laut meningkat. Ke dalaman laut Jawa diperkirakan antara 40 – 80 meter. Sedangkan ke dalaman laut di sekitar Sulawesi dan Sunda kecil, bisa mencapai 850 meter. Kapal Selam Naggala 402 tenggelam di laut yang dalam itu, karena sangat mungkin mesinnya tak mampu melawan arus perpindahan air laut dari dan ke Hindia – Pasifik.
Terdapat beberapa patahan di kawasan yang mengelilingi Bandung, dan yang paling terkenal diberi nama Patahan Lembang, yang membentang dari kaki gunung Tangkubanparahu hingga ke Pantey Selatan Jawa Barat yang berada di kawasan Jampang, Sukabumi, serta membentang ke arah Pantey Utara yang berada di kawasan Eretan, Subang. Bila Patahan Lembang yang sedang tidur itu tiba-tiba 'nguliksik' karena secara alamiah ingin berganti posisi tidur, maka gerakannya akan terasa sebagey gempa.
Sekira 3500 tahun yang silam, kaldera besar yang kemudian menjadi danow raksasa itu, mengalami kebocoran melalui sebuah celah, sehingga airnya perlahan mengalir menuju laut di sebelah utara. Tanah di sekitar aliran air danau itu lambat laun mengeras, dan itulah yang kemudian disebut dengan sungey Citarum.
Kaldera yang sudah mengering kemudian tampak jejaknya, mengerucut ke arah bawah secara landey, hingga bila dilihat dari atas, akan tampak seperti wajan, yang kadang wajan itu disebut dengan cekungan. Setelah danow purba benar-benar mengering, wajan besar itu kemudian dihuni oleh manusia yang sekarang disebut Urang Sunda. Dulu mah, urang Sunda itu disebut urang Ukur, karena Bandung yang sekarang, pernah diberi nama Tatar Ukur, dengan pemimpinnya yang kesohor bernama Dipati Ukur. (Bersambung).
Jumat, 04 Juni 2021
KABELEJOG ASIH - Bagéan 13
Yasana Queen Erni
13
Lamun
Si Sofia teu manggihan di
tempat nu dijangjikeun, perlu kitu, dipentog
sakalian... ka tempat gawéna. Lamun perlu, pentog ka imahna. Teu paduli. Batan teu bérés-bérés, mending sakalian.
Rék pait, rék amis, éta mah hasilna. Haté anu
tagiwur, ngimbas ogé kana cara ngajar. Asa jadi gampang kasinggung. Teu
kaop aya budak nu kurang merhatikeun, kacarékan. Sadar sih, teu meunang kitu.
Teu profésional. Tapi, kumaha atuh, da teu bisa disumput-sumput, geuning.
Barudak ukur bisa caricing jeung arolo-hok waktu Si Jéjén disentak
tarik pisan,
gara-gara ngélég waé jeung si Sumarna. Tara-tara kuring suntak-sentak. Tungtungna nu penting, masalah kudu
buru-buru
diréngsékeun. Barudak
siga anu teunggar kalongeun. Kuring asa jadi handeueul. Tuluy ménta hampura,
geus suntak-sentak,
sora dileuleuyan. Si
Jéjén jadi lunguh, teu poréngés teuing.
Waktu anu ditunggu-tunggu datang ogé.
Waktuna bubar sakola. Biasana, lamun karék bubar, kuring sok rajeun gogonjakan
heula jeung babaturan sakantor, tapi kuring positif rék ngadagoan Si Sofia Foréver, di tempat anu geus
ditangtukeun. Jadi ayeuna mah, moal
sumpang-simpang
heula, moal loba basa-basi.
Geuleuyeung, motor diarahkeun ka tem-pat anu ditangtukeun. Rada deg-degan
ogé sih, sabenerna mah. Tapi anu didagoan teu hol waé. Satengah jam ngadagoan,
can lol kénéh waé. Beuheung geus sosongéteun. Sajam, teu ngaji-rim. Dua jam, palayan ciga
geus teu sabar urang kudu cengkat, soalna kaciri loba batur nu karék datang, nu teu kabagéan korsi.
kuring sadar diri. Geus mayar mah, kuring ngaléos, bari mikir kudu kumaha.
Ti mimiti, kuring geus fix, moal maksa
Si Sofia Foréver kudu
datang. Ngan ukur hayang mecak hungkul, boga haté hanteuna. Tapi mun dipikir-pikir, teu sabar ogé. Geregeteun.
Ras inget ka Si Papah, biasana mun geus waktu bubar gawé, sok nelepon. Ieu geus tilu
poé, teu nelepon-nelepon. Tapi aya alusna,
soalna rék aya rencana megat Si
Sofia ka tempat gawéna. Kitu wé meureun, pamaksadan ayeuna mah. Kuring ngagalindeng na jero haté.
Ieu kuring babalédogan, nyampeur ka
tempat gawéna. Jarak anu kira-kira dua kiloan
ti réstoran tadi, teu matak dijadikeun halangan pikeun mentog Si Sofia. Pabrik bulu mata
nu dituju, geus
hareupeun kongkolak panon. Cenah, manéhna supervisorna.
Motor dideukeutkeun pisan kana tangkal caringin, nu aya di sisi jalan. Lumayan rada iuh.
Kuring ningali jam, geus jam satengah
opat. Teuing aya kénéh, boa geus
balik, éta
mangkeluk. Batan ngadadago, kuring inisiatip rék nanya ka satpam, nu aya di dinya. Wawanianan, kuring
asup ka wilayah pabrik éta.
Tempat parkir jang motor, aya di beulah kénca pos
satpam, nu
kira-kira boga ukuran 3 ka 7 meter. Cét bodas jeung abu, pos satpam téh.
Saenggeus deukeut, kuring uluk salam, ka satpam nu aya di dinya. Aya duaan. Maranéhna ngajarawab, anteb pisan.
"Ada yang bisa saya bantu,
Bu?" ceuk satpam nu teu maké topi. Kabaca, ngaranna Supriyatna.
"Saya mau bertemu Ibu Sofia..." ceuk kuring.
Ampir wé, rèk nyebutkeun ngaranna maké
Foréver. Untung kaburu sadar.
"Sudah ada janji?" cenah, bari néangan pulpén.
"Belum, sih... Tapi ini penting," tembal kuring, nyanyahoanan.
"Kalau begitu, Ibu bisa nunggu dulu di ruangan sebelah," cenah.
Manéhna kaluar ti rohangan satpam,
tuluy nitah kuring nuturkeun ka manéhna,
sangkan asup ka rohangan stéril, cénah.
Sup kuring asup. Cep, angin asa nyelecep tiis pisan. Angin anu asalna
tina AC. Rohangan anu ukuran-nana
kira-kira 3 ka 3, ngabogaan AC, korsi pan-jang
dua, méja hiji, jeung layar LCD pikeun ngabaturan tamu, nu nungguan saméméh bisa
amprok. Tapi lalajoannana lain sinetron. Ieu
mah profil ngeunaan pabrik bulu mata wé.
Song, kuring diasongan keretas, siga kuitansi badag,
horéng eusina, kuring dititah ngeusian ngeunaan rèk ka saha, aya kaperluan
naon, ti mana, teu poho kudu ditanda-tangan.
Encan kudu ngeusian kuèsionèr
ngeunaan pabrik éta. Duh, mun kawenangan, meni asa hayang nitah tukang loték
peuntaseun pabrik, sina ngeusian kuésionér. Mani ku horéam. Mun maci, kajeun
muruhan.
Panon lungleng, leungeun ngadégdég.
Lapar ongkoh, napsu ka Si
Sofia ongkoh, horéam ngeusian ogé. Tapi Batan kuring teu panggih jeung Si Sofia, nya kapaksa ogé
digawéan. Satpam nunjukeun aqua
gelas anu ngajajar na baki,
nu aya luhureun méja panjang. Lumayan. Gep, kuring nyokot hiji. Sedotan bangun
ngajak gelut, jeung hésé dicecebkeun kana tutup aqua. Kalah ka keplos deui, keplos deui,
miley deui, miley deui.
Satpam bangun seuri ditahan. Si kasebelan, mun pareng, mani asa hayang
ngalungkeun galon kana awakna.
"Cobi, Bu, ku abdi," cenah, so sweet, bari
nyokot sedotan anyar.
Aqua
na leungeun kuring dicokot. Gabres, si sedotan tungtungna bisa ogé asup. Song, diasongkeun ka kuring.
"Makasih, Pa..." Satpam ngagelenyu. Terus
nyokot gagang telepon. Curukna lincah mencétan nomer.
Kadéngé manéhna ngobrol jeung nu di
peuntas. Bangunna mah, ngeunaan kuring. Kuring narik napas rada panjang. Kesel
ogé.
"Maaf, Bu, Bu Sofianya lagi ada
tamu, kalau Ibu
berkenan, silakan Ibu
tunggu."
"Berapa lama, Pak... Apa tamunya sudah dari
tadi?"
"Wah, saya kurang tahu tuh Bu, tunggu saja. Kebetulan
mèmang,
belakangan ini Bu Sofia sibuk. Sering keluar kantor juga.”
Deg.
Kuring teu genah. Keur kitu,
sajorélatan panon nempo mobil nu ngaliwat rék kaluar. Astagfirullah, apanan éta mobil Si Papah. Kuring anu keur
nyedot cai, jadi kaselek. Tuluy batuk.
"Pa, itu Bu Sofia, yang ada dalam
mobil itu, kan?" kuring nyarita bari cengkat.
Satpam teu kaburu ningali, ngan pas
ditanyakeun ka satpam nu aya di pos ronda, enya cenah, tadi Bu Sofia indit
jeung kliénna. Kuring napsu. keretas
nu geus dieusian,
dirames. Satpam hokcay. Nu maca pipilueun hokcay.
***