KABELEJOG ASIH - Bagéan 14 - SITUSENI

Selasa, 08 Juni 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 14

Yasana Queen Erni

14

Satpam nu hokcay, ukur nuturkeun gerak-gerik kuring. Teu loba carita, kuring ngaja-lankeun motor lalaunan, ka luar aréa pabrik, bari bingung rék nuturkeun ka lebah mana. Apal pikieueun, baheula kungsi aya anu sok datang ka sakolaan, nawarkeun alat détéksi di mana ayana barang urang, mangrupa chip. Cara gawéna, si chip éta téh ukur ditémpél di tempat nu nyum-put, jarak 5 nepi 10 kilo mah, bisa kadétéksi. Kaduhung teu meuli. Tapi da kaduhung ayeuna mah, lain solusi.

Luak lieuk bingung, da geus puguh basa mobil si Papah ka luar, teu kaciri, da kahalangan bénténg. Rét, ka si tétéh tukang dagang loték, anu di peuntaseun jalan téa... Keur nundutan, geus moal eucreug, mun ditanya. Rét ka kios roko beulah kéncaeun pabrik, keur diriung ku nonoman, bari cacalakatakan, bangun meunang kabungah nu gedé. Nikmat pisan.

"Kang, punten, manawi aya nu ninggal, mobil bodas anu nembé ka luar pabrik?" kuring wawanianan megat obrolan nu aya di kios.

Anu keur saleuseurian langsung jep, siga gaang katincak. Kabéh sakumna nu aya nempo ka kuring.

"Kumaha, Téh?" nu boga kios malik nanya.

"Muhun, manawi aya nu ninggal, mobil bodas anu nembé ka luar ti pabrik, jig na ka palih mana?"

Sababaraha detik euweuh nu ngajawab, ting haruleng, bangun keur ngaréka, nginget-nginget kajadian nu tadi geus kaliwat.

"Kadieu..." dua urang lalaki, mani bareng ngajawab, bari tutunjuk. Hanjakal, leungeunna teu kompak. Nu hiji ka lebah kénca, nu hiji ka lebah katuhu.

"Nu balég atuh, Sim, kumaha ngabéjaan téh, teu kompak pisan." tukang kios nahan seuri.

"Oh, hatur nuhun... Wios...." kuring teu loba omong.

Moal pibalégeun kieu carana mah. Kuring mutuskeun nelepon Si Sofia. Susuganan diangkat. Ah, dasar Forevpret, sababaraha kali dikonték, teu diangkat. Tungtungna motor digas arah balik. Percuma da ditéangan gé, teu puguh. Sajajalan mikiran Si Papah nu geus tèga nga-nyenyeri. Piraku kudu diduakeun sing cilaka mah.

"Gusti... hapunten abdi... Na mani kieu-kieu teuing lalakon hirup. Asa ku tebih sareng nu ngarana sakinah mawadah warohmah téh," kuring norowéco sorangan.

Lebah tukang és kalapa ngora, kuring niat rék istirahat, teu kuat ogé tikoro, halodo karasana. Saenggeus dieureunkeun mah, konci motor dicabut. Gék diuk na korsi palastik warna héjo ngora, anu geus disadiakeun. Tukang kalapa sigep. Ketrak-ketrak, kalapa dibeulahan. Can gé mesen. Song kalapa diasongkeun.

"Ah Mang, kolot Ning, ieu mah." kuring protés.

"Oh, kirang ngora, nya, Téh... Mémang, anu ngora mah, langkung ngagoda, langkung seger," tèmbalna haré-haré.

Serrrrr getih asa lumpat gancang pisan naék kana sirah. Maksudna naon, tukang kalapa maké ngomong-ngomong nu ngora. Kasebelan. Asa hayang ninggangkeun kalapa éta tungtung-na mah.

"Badé nganggé cigula beureum, moal, Téh?" tanyana.

Kuring horéam ngajawab. Ukur gideug. Teuing kuring keur sénsi sugan, tukang kalapa ngomong naon, dihartikeun kuurang naon.

Song kalapa anu lumého diasongkeun. Teu poho séndok jeung sedotannana. Regot, regot, kuring ngaregotan, nikmat pisan. Tikoro anu garing, jiga paceklik disiram hujan.

Keur ngeunah-ngeunah ngaregotan cai kalapa ngora, ujug ujug aya mobil hareupeun. Reuwas ogè aya mobil Pa Irfan, diparkir gigireun motor kuring pisan. Kuring rikat melong nembus jero kaca mobil. Teu kaciri, da maké kaca pilem. Bangunna kaca pilemna anu ukuran 60 persénan.

Sora panto mobil anu muka, ngagiring panon nuturkeun, nempo saha anu turun. Singhoréng Pa Irfan.

"Mana Néng Sari, Pa?" kuring cengkat.

Solongkrong leungeunna disolongkrong-keun. Pa Irfan imut. Duh, éta imutna, teu éléh seger jeung kalapa ngora anu keur diregot.

"Ih, puguhan sugan téh nuju sareng Ibu." Gèk manéhna diuk gigireun. Kuring ngeleter. Asa canggung. Diuk ngésér saeutik. Api-api méré tempat.

"Henteu, Pa... Acan kantos kontékan deui," témbal kuring bari ngayun-ngayun suku.

Pa Irfan mesen kalapa ngora ogé.

"Duh, kumaha rék ngomongna, nya. Asa ku karagok. Hayang amitan." haté galécok.

"Sanés, Bu... Abdi nembé ningal mobil bodas, sapertos anu tuang Raka. Ari sugan téh sareng ibu... Mung ditididan, tapi teu ngawaler. Ari pas ayeuna, ningal Ibu nuju nyalira di dieu."

"Di mana, Pa?" jantung mimiti ratug.

"Èta, di apoték Kasih, tapi duka ayeuna mah, sigana tos teu aya."

Bener ogé, mun ngudag logika, ka apoték paling rék meuli ubar. Moal ngadon lila, ari keur teu ngantri mah. Komo deui ayeuna mah poé dines. Kuring nenang-nenangkeun manéh. Bari jeung nyobaan mikir panjang.

"Duh, ku hanjakal, tadi basa keur di pabrik bulu mata, teu ménta alamat imah Si Sofia Foréver..." kuring ngocoblak sorangan na jero haté.

"Tambih deui, atuh, Bu... Kalapana." sora tukang kalapa ngagètkeun lamunan.

Kuring anu keur nyedotan gelas kosong, langsung sadar. Tukang kalapa nyéréngéh konéng. Si  kasebelan, geus néang gara-gara deui wé. Rét kuring ka Pa Irfan, ukur leungeunna nu nga-manggakeun bisi rék pesen deui. Teu ngomong, da keur anteng jeung sedotan ogé.

Kuring gideug sopan.

Nempo kuring kawas anu bingung, Pa Irfan surti. Geus bérés-bérés nginum kalapa mah, manéhna ngajak ngobrol lalaunan.

"Tong janten émutan, Bu... Sareng rérén-cangan kantorna, éta téh."

"Sanès, Pa...justru sareng anu dicuriga ku abdi téa... saleresna. Abdi nuju ngudag aranjeuna, Pa... Mung kabujeng mabur," kuring teu sadar, bet langsung curhat. Kagok.

"Ngudag ti mana, kitu?"

"Ti tempat damelna, Pa.. nyaéta..."

Tukang cikalapa bangun képo. Awakna nukangan, tapi cepilna siga anu direbing-rebing. Kuring méré kodeu ka Pa Irfan. Curuk ngahaja diantelkeun na biwir, supaya ngobrolna tong tarik teuing. Tukang cikalapa bangun terus rasa keur diomongkeun. Lieuk, manèhna ngalieuk ka lebah kuring jeung Pa Irfan. Kuring asa katohyan.

 

***

Comments


EmoticonEmoticon