KABELEJOG ASIH - Bagéan 13 - Penerbit SituSeni

Jumat, 04 Juni 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 13

Yasana Queen Erni

13

Lamun Si Sofia teu manggihan di tempat nu dijangjikeun, perlu kitu, dipentog sakalian... ka tempat gawéna. Lamun perlu, pentog  ka imahna. Teu paduli. Batan teu bérés-bérés, mending sakalian. Rék pait, rék amis, éta mah hasilna. Haté anu tagiwur, ngimbas ogé kana cara ngajar. Asa jadi gampang kasinggung. Teu kaop aya budak nu kurang merhatikeun, kacarékan. Sadar sih, teu meunang kitu. Teu profésional. Tapi, kumaha atuh, da teu bisa disumput-sumput, geuning.

Barudak ukur bisa caricing jeung arolo-hok waktu Si Jéjén disentak tarik pisan, gara-gara ngélég waé jeung si Sumarna. Tara-tara kuring suntak-sentak. Tungtungna nu penting, masalah kudu buru-buru diréngsékeun. Barudak siga anu teunggar kalongeun. Kuring asa jadi handeueul. Tuluy ménta hampura, geus suntak-sentak, sora dileuleuyan. Si Jéjén jadi lunguh, teu poréngés teuing.

Waktu anu ditunggu-tunggu datang ogé. Waktuna bubar sakola. Biasana, lamun karék bubar, kuring sok rajeun gogonjakan heula jeung babaturan sakantor, tapi kuring positif rék ngadagoan Si Sofia Foréver, di tempat anu geus ditangtukeun. Jadi ayeuna mah, moal sumpang-simpang heula, moal loba basa-basi.

Geuleuyeung, motor diarahkeun ka tem-pat anu ditangtukeun. Rada deg-degan ogé sih, sabenerna mah. Tapi anu didagoan teu hol waé. Satengah jam ngadagoan, can lol kénéh waé. Beuheung geus sosongéteun. Sajam, teu ngaji-rim. Dua jam, palayan ciga geus teu sabar urang kudu cengkat, soalna kaciri loba batur nu karék datang, nu teu kabagéan korsi. kuring sadar diri. Geus mayar mah, kuring ngaléos, bari mikir kudu kumaha.

Ti mimiti, kuring geus fix, moal maksa Si Sofia Foréver kudu datang. Ngan ukur hayang mecak hungkul, boga haté hanteuna. Tapi mun dipikir-pikir, teu sabar ogé. Geregeteun. Ras inget ka Si Papah, biasana mun geus waktu bubar gawé, sok nelepon. Ieu geus tilu poé, teu nelepon-nelepon. Tapi aya alusna, soalna rék aya rencana megat Si Sofia ka tempat gawéna. Kitu wé meureun, pamaksadan ayeuna mah. Kuring ngagalindeng na jero haté.

Ieu kuring babalédogan, nyampeur ka tempat gawéna. Jarak anu kira-kira dua kiloan ti réstoran tadi, teu matak dijadikeun halangan pikeun mentog Si Sofia. Pabrik bulu mata nu dituju, geus hareupeun kongkolak panon. Cenah, manéhna supervisorna.

Motor dideukeutkeun pisan kana tangkal caringin, nu aya di sisi jalan. Lumayan rada iuh. Kuring ningali jam, geus jam satengah opat. Teuing aya kénéh, boa geus balik, éta mangkeluk. Batan ngadadago, kuring inisiatip rék nanya ka satpam, nu aya di dinya. Wawanianan, kuring asup ka wilayah pabrik éta.

Tempat parkir jang motor, aya di beulah kénca pos satpam, nu kira-kira boga ukuran 3 ka 7 meter. Cét bodas jeung abu, pos satpam téh. Saenggeus deukeut, kuring uluk salam, ka satpam nu aya di dinya. Aya duaan. Maranéhna ngajarawab, anteb pisan.  

"Ada yang bisa saya bantu, Bu?" ceuk satpam nu teu maké topi. Kabaca, ngaranna Supriyatna.

"Saya mau bertemu Ibu Sofia..." ceuk kuring.

Ampir wé, rèk nyebutkeun ngaranna maké Foréver. Untung kaburu sadar.

"Sudah ada janji?" cenah, bari néangan pulpén.

"Belum, sih... Tapi ini penting," tembal kuring, nyanyahoanan.

"Kalau begitu, Ibu bisa nunggu dulu di ruangan sebelah," cenah.

Manéhna kaluar ti rohangan satpam, tuluy nitah kuring nuturkeun ka manéhna, sangkan asup ka rohangan stéril, cénah.  Sup kuring asup. Cep, angin asa nyelecep tiis pisan. Angin anu asalna tina AC. Rohangan anu ukuran-nana kira-kira 3 ka 3, ngabogaan AC, korsi pan-jang dua, méja hiji, jeung layar LCD pikeun ngabaturan tamu, nu nungguan saméméh bisa amprok. Tapi lalajoannana lain sinetron. Ieu mah profil ngeunaan pabrik bulu mata wé.

Song, kuring diasongan keretas, siga kuitansi badag, horéng eusina, kuring dititah ngeusian ngeunaan rèk ka saha, aya kaperluan naon, ti mana, teu poho kudu ditanda-tangan. Encan kudu ngeusian kuèsionèr ngeunaan pabrik éta. Duh, mun kawenangan, meni asa hayang nitah tukang loték peuntaseun pabrik, sina ngeusian kuésionér. Mani ku horéam. Mun maci, kajeun muruhan.

Panon lungleng, leungeun ngadégdég. Lapar ongkoh, napsu ka Si Sofia ongkoh, horéam ngeusian ogé. Tapi Batan kuring teu panggih jeung Si Sofia, nya kapaksa ogé digawéan. Satpam nunjukeun aqua gelas anu ngajajar na baki, nu aya luhureun méja panjang. Lumayan. Gep, kuring nyokot hiji. Sedotan bangun ngajak gelut, jeung hésé dicecebkeun kana tutup aqua. Kalah ka keplos deui, keplos deui, miley deui, miley deui. Satpam bangun seuri ditahan. Si kasebelan, mun pareng, mani asa hayang ngalungkeun galon kana awakna.

"Cobi, Bu, ku abdi," cenah, so sweet, bari nyokot sedotan anyar.

Aqua na leungeun kuring dicokot. Gabres, si sedotan tungtungna bisa ogé asup. Song, diasongkeun ka kuring.

"Makasih, Pa..." Satpam ngagelenyu. Terus nyokot gagang telepon. Curukna lincah mencétan nomer.

Kadéngé manéhna ngobrol jeung nu di peuntas. Bangunna mah, ngeunaan kuring. Kuring narik napas rada panjang. Kesel ogé.

"Maaf, Bu, Bu Sofianya lagi ada tamu, kalau Ibu berkenan, silakan Ibu tunggu."

"Berapa lama, Pak... Apa tamunya sudah dari tadi?"

"Wah, saya kurang tahu tuh Bu, tunggu saja. Kebetulan mèmang, belakangan ini Bu Sofia sibuk. Sering keluar kantor juga.

Deg.

Kuring teu genah. Keur kitu, sajorélatan panon nempo mobil nu ngaliwat rék kaluar.  Astagfirullah, apanan éta mobil Si Papah. Kuring anu keur nyedot cai, jadi kaselek. Tuluy batuk.

"Pa, itu Bu Sofia, yang ada dalam mobil itu, kan?" kuring nyarita bari cengkat.

Satpam teu kaburu ningali, ngan pas ditanyakeun ka satpam nu aya di pos ronda, enya cenah, tadi Bu Sofia indit jeung kliénna. Kuring napsu. keretas nu geus dieusian, dirames. Satpam hokcay. Nu maca pipilueun hokcay.

 

***
Comments


EmoticonEmoticon