KABELEJOG ASIH - Bagéan 15 - Penerbit SituSeni

Rabu, 09 Juni 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 15

Yasana Queen Erni 

15

Saprak panggih di tukang és kalapa ngora, kuring mimiti remen chat jeung Pa Irfan. Saling curcor. Saling titip pasangan, bisi aya informasi anu sakirana nyaangkeun jalan pikiran. Saling ngingetan. Asa aya batur pakukumaha.

Bingung ogé, rék laporan hal Néng Sari téh, sabab Néng Sari gé babaturan kuring kénéh. Asa teu ngeunah, sieun majar rék ngaruntag-keun rumah tanggana. Sok komo can katohyan bener henteuna bobogohan jeung Si Robi. Sieun malah jadi fitnah. Tungtungna mah, laporan ngeunaan Néng Sari, difilter heula ku kuring. Teu saujratna teuing dibéjakeun ka Pa Irfan. Tapi kuring mah oomatan ka Pa Irfan, sangkan tong aya nu disumput-salindungkeun, saumpamana ningali atawa apal béja ngeunaan Si Papah.

Salila ieu, euweuh nu matak pibahayaeun. Manéhna soméah tur sopan. Jajauheun cunihin. Teu, teu saeutik gé. Hiji mangsa kuring narima telepon ti Si Dédéh, geus katebak, buruduuuul wé, eusi nu aya na haté ngaburudul. Teuing atuh, ka Si Dédéh mah, haté téh sok uduh, teu bisa rékép kana rusiah.

Pas dibèjakeun sok konték jeung Pa Irfan, Dédéh malah ngageuhgeuykeun, cenah, kahadé bisi jadi kagémbang. Kuring kéképéhan, teu ruma-sa bakal boga rasa lain ka Pa Irfan. Ukur batur curhat. Titik.

Bérés teteleponan jeung Dédéh, bangun anu terus rasa, Pa Irfan nelepon. Kuring cicing babaraha detik. Antara diangkat jeung henteu. Biasana mah, mun rék nelepon, manéhna sok nga-WA heula. Teuing mun pohoeun.

Lalaunan hénpon dipencét kenop "tarima". Sora khas Pa Irfan langsung minuhan rohangan haté. Tapi pas Pa Irfan méré nyaho permasa-lahan, kuring leuleus meuyeu, lir dipupul bayu. Cenah Pa Irfan ningali Si Papah keur di toko emas "Sagara". Duh, Ya... Allah... Naaa ari lalaki, sok babari pisan kaolo ku awéwé modél kitu. Racun dunya. Teu karasa, sugan, Si Papah mah, keur dikedut ku Si Sofia Foréver.

Sora Pa Irfan geus teu puguh kadéngéna. Awak asa disuntrungkeun, tuluy dibawa lumpat. Geus rérékép jeung maké tiung sakeunana, belenyeng wé, kuring maké motor bari lahaolla. Ari kapeurih mah teu bisa dikukumaha ku batur. Motor lumpat tarik pisan. Teuing kabeneran teuing lain, tapi da lamun dititénan mah, sagala rupa gé taya nu kabeneran. Geus diguratkeun ti dituna.

Bener ogé, mobil Si Papah markir kénéh di hareupeun toko emas. Rét kuring ngarérét ka lebah jero toko. Euweuh duanana gé. Tadina, kuring rék mapayan toko emas, dipikir-pikir, kacapé-capé. Mending ngadagoan di gédéngeun mobil si Papah. Motor diparkirkeun di peun-taseunnana.

Kuring satengah keketeyepan, niat rék ngahongkeun duanana. Panon poé anu éréng-éréngan geus teu dirasa. Késang ngucur minuhan awak. Késang sagala rupa. Jantung ratug, leuwih-leuwih keur diberik jurig. Panon rurat rérét kaditu kadieu. Geus teu genah cicing. Mobil nu parkir gigireun mobil si Papah lalaunan mundur, tuluy indit. Ayeuna awak kuring ukur kahalangan tihang umbul-umbul, anu kabeneran nanceb gigireun mobil.

Kaén umbul-umbul luak léok katebak angina. Dua dedegan nu kukuring keur didago- dago, tembong ngolébat. Gebeg, haté ngagebeg.  Kuring mundur saeutik, sangkan teu kacirieun ku maranehna, nu rék ka nu mobil. Léngkahna beuki deukeut, beuki heureut. Haté asa dicampur beleson. Dar dér dor teu pararuguh. Tas nu nyoléndang, dikatukangkeun. Lalaunan kuring pindah ka tukangeun mobil. Leungeun si Papah digandéng ku Si Sofia, geugeut pisan. Sirahna disarandékeun kana puhu leungeun Si Papah.

Pas duanana aya di hareupeun mobil, kuring ujug-ujug wanian, maké daék nyampeur-keun sagala rupa.

"Pah, na Papah rék kieu waé?" kuring neuteup seukeut.

Si Papah bangun anu kagét ujug-ujug aya kuring. Panonna satengah nolol. Leungeun si Sofia lèsot sorangan. Kuring ngabetot leungeun Si Papah. Haté ngagugudag, dada nyéak. Sigana mun neundeun liweteun, bakal asak saking ku ngagedurna.

Léngkah Si Papah pered, sing horéng dita-han ku Si Sofia. Kuring mureleng, napsu mimiti kapancing. Tadina mah, urusan téh rék jeung Si Papah wungkul, tapi kagok ari geus kieu carana mah.

"Naon maksudna, Ibu ngahalangan salaki batur?" kuring nantang.

"Ibu saha? Naon maksudna Ibu ngabe-benyèng Akang?" teu kireum-kireum, Si Papah diakangkeun ku manèhna.

Sugan bongé. Geus puguh kuring nyebutkeun yén anu dibenyéng téh salaki kuring. Beuki wé ceuceub.

"Ieu salaki abdi, Ibu saha? Ohhhh ieu anu disebut pelakor téh? Perebut laki orang? Aya ku saé atuh, Bu... Sanés Ibu gé tos gaduh carogé?"

Rey beungeut Si Sofia beureum. Teu puas kitu, kuring nambahan carita deui.

"Cik atuh Bu, tong hawek... Badé di ka manakeun Pa Rahman, sakitu bageurna?" kuring nyanyahoanan.

Plak.

Leungeun Si Sofia ujug-ujug ngagaplok beungeut. Serrrr getih na sirah langsung naèk. Kuring napsu. Gampleng-gampleng Si Sofia digaplokan. Awakna disurungkeun ka nu mobil. Tas solèndang kuring ragrag. Kuring ngamuk. Si Sofia ngalawan. Gep raramo Si Sofia kana tiung, tuluy dibenyèng ka tukang. Kuring asa kacekék, leungeun kuring nyekelan leungeun manéhna, anu keur ngabenyéng tiung. Geus kacekel mah, gewewek kukuring digégél satarikna. Goak Si Sofia ngagoak. Leungeunna leupas.

Si Papah misah, awak kuring jeung awak Si Sofia dihalangan. Leungeunna anu badag mampu jadi panghalang. Kuring dicarékan bé-béakan. Majar kuring teu boga étika, majar bolo-ho, teu éra ku sabudeureun, majar ngérakeun salaki. Kuring teu éléh-géléng, nyarita laklak dasar hareupeun Si Papah, yén Si Sofia mah ukur ngamangpaatkeun.

Lain kadua sadar, awak kuring malah disurungkeun, terus nitah Si Sofia asup ka nu mobil. Kuring neunggeulan si Papah gemes, bari ceurik. Anu ngaliwat tungtungna mah narempo-keun, bari teu wani misah. Ngan bangunna kararunyaeun ka kuring. Si Papah nyurungkeun awak kuring deui, bari nitah balik ka Ambu.

Langit ngadadak poèk mongkléng.

 

***

Comments


EmoticonEmoticon