KABELEJOG ASIH - Bagéan 17 - SITUSENI

Minggu, 13 Juni 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 17

Yasana Queen Erni

17

Teu karasa, motor anu nganteurkeun kuring, geus nepi hareupeun pisan bumi Ambu. Kang Rustam kéképéhan basa kuring rék méré duit téh. Tapi kuring teu loba carita, duit diselapkeun kana saku calana tukangna. Manéh-na teu bisa kukumaha. Masing ihlas gé, kuring apal kumaha kahirupan tukang parkir. Kang Rustam embungeun, waktu kuring nitah asup heula ka imah. Manéhna ukur nitip salam jang anu aya di imah. Kuring teu bisa maksa. Barina gé aya alusna kétang, bisi Ambu langsung curiga, kuring bet dianteur ku lalaki lian, lain ku Si Papah.

Kuring masih ngajeten hareupeun pager bumi Ambu. Serrrrr getih karasa ngarambat haneut, minuhan sakujur awak. Geus lila ogé, kuring teu nyimpang ka imah nu jadi  kolot. Pada-hal, teu jauh jauh teuing. Sajam cukup. Tapi nya kitu téa, kuayana tehnologi, jadi ngagampang-keun silaturahim. Cukup ku teteleponan. Ya Allah....

Panon ngurilingan buruan anu iyuh ku tatangkalan. Aya tangkal alpuket jeung tangkal buah, anu jarakna sakitar 3 meteran. Sakuriling dipelakang apoték hirup. Ngahaja, taneuh paka-rangan teu maké paving block kabéh, ukur jaja-laneun ka imah we, anu dipasangan téh... Saur Abah, méh asri. Bener ogé, sih... Imah kolot kuring jadi kaciri béda jeung tatangga anu lain. Pakarangan beresih bari asri, loba kekembangan ogé, mani lalucu.

Katempo luhureun tangkal baluntas, aya nyiru gedé dua, eusi ranginang anu keur dipoé.

Lalaunan, panto pager dibuka, tuluy motor dituyun asup, ngahaja teu dihirupan mesinna. Imah karasa sepi. Motor diparkir di nu iyuh. Kuring teu langsung asup ka imah. Tapi ngadon ngurilingan pakarangan. Asa ku sono, Ya Allah. Tangkal buah manggah dideukeutan. Emh, éstu-ning masih kénéh gagah. Padahal kuring keur leutik remen gugulayunan di dahan anu ngarang-kadak ka lebah kalér ieu. Gugulayunan maké ban urut, anu ditalian ku tambang. Sok parebut jeung anak uwa, mun kabeneran nganjang.

Lalaunan dampal leungeun ngusapan dahan tangkal manggah. Sireum anu pauntuy- untuy, bangun nungtun dampal mapayan ka luhur. Cipanon ngeyembeng. Geus wareg soso-noan jeung tangkal manggah, kuring ngadeu-keutan nyiru badag. Ranginang atah anu keur dipoé, mani saalukuran. Sanyiru rasa tarasi, sanyiru rasa orijinal. Mémang karesep Ambu ngadamelan ranginang téh. Kapaké kusasaha. Takaran tarasi jeung uyahna, sok pas. Kuring ngagelenyu sorangan. Gep kana ranginang atah rasa tarasi. Terus disemplékkeun. Am diganyem. Jadi inget kabiasaan ngagayem ranginang atah téh.

"Deuiiiis, ti iraha kadieu?" sora Ambu anu has, ngabuyarkeun lamunan.

Kuring ngalieuk ka lebah datangna sora Ambu. Katingal Ambu ngajanteng luhureun téras, anu ditéhelan warna pulas beureum ati. Awakna asa beuki leutik. Diciciput hideung, maskét pisan. Kuring teu sirikna ngagableng muru Ambu. Panangan Ambu digerewek, sono pisan. Tuluy nangkeup awakna, ngagaléntoran pipina, pinuh kukanyaah.

"Mana Abah... Biasana wayah kieu sok ngadaweung di korsi hoé ieu..." ceuk kuring bari lunga lengo ka jero imah.

"Abah mah nundutan wè, geus kolot mah, tuh bari nyepengan koran. Koran ka mana... Si Abah ka mana."

Kuring nuturkeun curuk Ambu. Bener wé keur ngulahék. Nundutan bangun nikmat pisan.

"Mana si Papah... Naha sosoranganan ka dieuna, Deuis?"

Kuring teu wasa ngajawab. Sup kuring asup ka kamer hareup. Paragi kuring saré mun kabeneran ngéndong. Tas digantungkeun dina tukangeun panto. Sepré pulas beureum gambar kembang anggrék, nutupan kasur ukuran nomer 2. Rapih pisan. Kuring diuk na korsi tiolét. Ambu lebet. Gék calik gigireun.

"Mending gé eusian heula, bisi maag kambuh, Deuis."

Kuring neuteup Ambu.

Soca Ambu neuteup seukeut ka kuring, bangun aya nu keur ditalungtik. Kuring apal kabiasaan Ambu. Ambu pasti geus ngangseu aya anu disumputkeun ku kuring. Kuring ngeluk tungkul, teu wani melong.

"Jig, aya céos kacang jeung pindang keureut dibungbuan gera... Kurupukna na kaléng khong Guan buleud." Ambu teu maksa kuring balaka.

Éta anu nepi ayeuna kuring salut ka kolot. Boh Ambu boh Abah, sok ngabiasakeun sangkan kuring nyarita sasadarna urang, euweuh paksaan.

Kuring unggeuk. Bener asa lapar, balik dogol jeung si Sofia forevprét téh. Kuring ceng-kat dituturkeun ku Ambu. Ambu mukakeun tu-dung saji. Kuring nyokot piring jeung séndok. Gék diuk. Ambu mangwadahankeun sangu, padahal tadina rék nyokot sorangan. Ambu mah rarasaan wé kuring téh masih budak SD, nu masih kudu dihulaan kénéh.

Sangu dina boboko masih kénéh aya haseupan saeutik. Seeng seungit pisan, paheula-heula jeung angseu balado pindang keureut, ngadeukeutan irung. Teu dilila-lila, siuk, siuk céos kacang disiukkan. Tuluy balado pindang keureut jeung kurupuk bawang. Ambu ningalikeun kala-kuan kuring anu cacamuilan. Duh, sono pisan kana masakan Ambu, bau dapur Ambu. Teu karasa, sangu ngan sakotéap, langsung béak. Gelas nu nangkub, ditangkarakkeun. Curulung, dieusian cai téh panas. Selengseng seungit téh anu digodogkeun na hawu, matak hayang geura-geura ngaregot.

"Sina tiis heula, Deuis, tong sok diuyup panas panas... Kabiasaan." Ambu ngémutan.

Kuring nyokot hihid anu aya dina pago. Geber... Geber, cai nu panas digeberan, sangkan buru-buru bisa diinum.

"Sada aya Deuis, Mbu..."

Suanten Abah nyaketantan ruang makan.

"Baaaah..." kuring neundeun hihid. Terus muru Abah.

Celengok, panangan Abah dicelengok. Tuluy nangkeup nyaah.

"Ti jam sabaraha, Deuis ka dieu?"

"Aya satengah jam, kitu... Bah."

"Kumaha calageur nu di kota?"

Kuring teu langsung ngajawab.

 

***

Comments


EmoticonEmoticon