KABELEJOG ASIH - Bagéan 12 - Penerbit SituSeni

Kamis, 03 Juni 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 12

Yasana Queen Erni 

12 

“Maaf, ini sama siapa, ya?" kitu tembal Si Sofia, maké bahasa RI. Padahal kuring nga-WA na maké basa Sunda.

Ngahaja teu ditémbal deui. Hayang nyobaan wé, lamun masih kénéh boga haté, pasti bakal rumasa. Haté sabenerna mah ateul. Hayang ngajawab deui. Tapi ditahan. Teu kungsi 2 menit, torojol deui WA na.

"Saya tidak mau melayani orang yang tidak jelas. Makasih," cenah.

Kuring panas ogé disebut jelema teu jelas. Puguh manéhna nu teu jelas mah. Nya geus ngarebut salaki batur, nya geus ngulinkeun parasaan kabéh. Mani geregeteun ka Si Sofia Foréver. Mun kawenangan, hayang ngajengut buukna. Tuluy sina ngaca. Da ceuk rarasaan mah, beungeut wani ngadu. Pédah meunang di kulit wungkul. Rada caang. Jadi katempona leuwih hurung.

Ari sugan téh, bakal aya deui WA. didago-dago téh euweuh, si kasebelan téh. Ahirna kuring kesel sorangan. Kaduhung teu dicarékan laklak dasar. Tapi, baé kétang, lain tipeu kuring jadi awéwé modél kitu. Kesanna, siga jelema nu teu meunang warahan ti indung bapa. Eumh, teu hayang teuing. Indung bapa nu sakitu mupusti étika, ngajaga agama darigama, difitnah batur.

Lantaran euweuh deui balesan, kuring boga inisiatif jang nangtukeun jadwal panggih. Éta mah, rék didatangan sukur, mun hanteu, kacida. Bari hayang apal, nepi ka lebah mana, boga haté awéwéna. Kukuring dibéré waktu, poé isukan, jam 4 soré di Réstoran tempat manéhna jeung Si Papah panggih. Kagok asong. Salila chat jeung Si Sofia, der kuring kasaréan. Hénpon masih dina leungeun.

Basa kuring lilir, katempo jandéla masih maruka. Panon poé geus mimiti ngampih. Kuring nutup-nutupkeun hordéng. Katempo mobil Si Papah aya. Hartina Si Papah aya di loténg. Keun. Kuring moal ka luhur. Hayang mecak, manéhna bakal ka handap moal.

Kuring ka dapur, niat rék dahar. Asa can kaasupan kadaharan ti isuk. Magic com tutupna muka. Pas ditingali, panci teplonna euweuh. Boraah aya sanguan. Rét ka tempat ngumbah wadah, bener wé, si panci téplon, dikeueuman. Spatula plastikna, ngilu dikeueuman. Lantaran teu kuat lapar, tungtungna kuring kokorotak néang emieh kana laci. Alhamdulillah aya hiji deui. Emieh rasa empal gentong. Sesa nu aya, tinggal bungbu sangu gorèng 2 bungkus, kornét saka-léng, ager swalow globe, kurupuk bawang anu saparapat. Ukur sakitu nu aya dina laci. Gep emieh dicokot, tuluy dipasak.

Teu kungsi lila, emieh geus asak. Saeng-geus di kana mangkokkeun jeung dibumbuan, kuring mawa emih ka ruang tipi. Celebek-celebek  dihuapkeun, bari ngalalajoan film India anu dipe-rankeun ku si Hrithik Roshan. Judulna, Mujhse Dosti Karoge. Teuing kabeneran, teuing kumaha, pas dilalajoan, naha éta film téh asa ngoconan, nyaritakeun cinta pabaliut antara si Hrithik Rosan, anu diperebutkeun ku Si Rani Mukèrjè, jeung si Kareena Kapoor. Bédana, si Hrithik nyangka anu sok susuratan jeung manéhna tèh si Kareena, padahal dina kanyataannana, éta kabohongan nu geus mangtaun-taun. Béda utak-eutik jeung masalah rumah tangga kuring.  Hayang seuri aya, rada ambek aya. Tapi emieh mah ludes.

Nepi peuting, Si Papah can turun kénéh waé. Lamun diinget-inget, salila rumah tangga jeung manéhna, asa can pernah Si Papah nepi kieu. Cuék pisan. Kuring géngsi mun kudu nyalukan. Aya untungna teu borangan teh.

Saenggeus solat, kuring nagen hareu-peun tipi nepi ka kasareannana. Hudang-hudang pas kadenge tarhim. Sora Bah Aja anu khas, karasa noélan awak sangkan cengkat. Tipi masih hirup. Gustiii, aya ku nikmat saré, bari jeung rada cinakdak gé, angger tibra. Awak karasa rada nyareri, maklum saré na korsi sofa, bari jeung teu disimbut. Dibantal gé henteu.

Bari jeung teu garenah awak, teu puguh rarasaan, kuring tetep salat, da ka saha deui curhat nu sabener-benerna mah, ari lain ka Nu Kawasa mah. Bari munajat, mun enya téa mah pareng dipanggihkeun poé ieu jeung nu ngaranna Si Sofia, muga-muga kuring sing dijembarkeun haté. Sing bisa ngomong déwasa jeung manéhna.

Rék gawé, asa horéam. Tapi tangtu em-bung kuring gé dipeunteun goréng ku atasan, masing nepi ayeuna masih kénéh jadi guru honor gé, ari masalah gawé mah, embung dianggap asal. Sok komo tanggung jawab nu kangaranan guru mah, beurat tanggung jawabna. Tapi mun eucreug dilakonan mah, kacida gedé pahalana, geus ngurus anak batur nu kacida loba, jeung rupa-rupa pasipatan.

Sora wéker ngabuyarkeun lamunan. Kuring gura-giru dangdan. Mandi gé asa beresih, asa henteu tadi téh, ari malaweung mah. Haté geus panceg, kuring kudu buru-buru indit. Rék salam ka salaki, asa wegah. Tungtungna, nulis deui waé na sacewir keretas, yén kuring indit gawé. Keretas diteundeun na luhureun meja, nu aya di kamer. Saenggeus tarapti, geuwat kuring indit ka kantor. Sieun kabeurangan.

Nepi ka kantor, kasampak geus loba anu datang. Batur bangun aranèheun ningali kuring anu tara-tara tisasari, datang kabeurangan, bari panon carindul. Kuring ukur bisa api-api teu melong. Pa Haji Tétén, duda anu resep ka kuring ti masih kènèh jaman kuring léléngohan, semu anu reuwas, tapi bangun watir. Kuring teu loba basa-basi. Geuwat ngaléos ka kelas, kasalamet-keun ku sora bél asup.

Comments


EmoticonEmoticon