KABELEJOG ASIH - Bagéan 9 - Penerbit SituSeni

Senin, 31 Mei 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 9

Yasana Queen Erni

9

Bérés mandi jeung abdas, kuring teu langsung nepungan si Papah, tapi nerus-keun niat, rek salat heula. Teu bisa ngabibisani, pipikiran jeung cepil, rancung ku sora Si Papah jeung Nèng Sari, nu keur ngobrol. Rumasa teu husu, geus rèngsè salat, tuluy sababaraha kali istighfar. Jung nantung, léos ka dapur, rék mangnyieunkeun cikopi. Kopi Liong Bulan karesep Si Papah. Mun nyieun cikopi téh, Si Papah mah, caina kudu anu ngagogolak pisan. Ditubrukkeun kana kopi jeung gula, maké takaran anu pas, pasti hasilna nyugemakeun. Kentel jeung seungit, nepi ka ngabudah leutik.

Cikopi diasongkeun ka Si Papah. Gep tonggong leungeun Si Papah dicokot, tuluy dicium. Si Papah mani tiis. Néng Sari teu pati merhatikeun. Tapi bangunna, manéhna teu betah ogé ngalila-lila cicing di imah kuring. Teu kungsi lila, tuluy amitan. Tinggal kuring jeung Si Papah. Karaku.

"Pah... Naha telepon teu diangkat?" kuring ngahaja ngamimitian nanya.

Baé disebut teu boga kaéra gé.

"Lah, sok képo... Aya urusan," kitu cenah nyaritana.

Léos manehna ka kamer, bari ngalung-keun jékét loreng héjo tentara, ka luhureun korsi.

Kuring ukur ngarénghap. Geuwat jékét dicokot. Maksud téh rék bari nyeuseuh baju. Gep karanjang anu gigireun lawang panto kamer, nu eusina seuseuhan wungkul, dicokot. Léos ka WC. Ari kitu téa mah, aya mesin cuci téh, lumayan kabantu pisan. Teu capé-capé teuing. Kuring mimiti ngawilah-wilah jenis bahan, jeung warna, supaya teu kapupulan. Sok ijid ning, mun nyeuseuhan bari loba baju nu kapupulan téh.

Nepi ka jékét urut si Papah maké, kuring saperti biasa ngodokan sakuna. Bisi aya duit anu tinggaleun, atawa pulpén, atawa roko, naon baé... Pangpangna mah, bisi duit kaseuseuh. Gep téh, leungeun karasa nyabak keretas. Susuganan wé duit gedé. Lumayan jang résiko dapur. Maklum awéwé mah, sok kudu rajin beberesih. Apanan geus jadi carita, da salaki mah, sok boga duit, boga lalakonna.

Tapi keretas nu ieu mah, béda kandelna. Lain, lain duit. Kuring rusuh ngadudut. Bener wè, lain duit. Tapi keretas beureum leutik, modél kupon. Teu ringsek, tapi teu rapih ogé. Geus ngalipet. Pas dibuka... Gustiiiii, geuningan karcis bioskop urut lalajo tadi peuting. Pantesan atuh teu diangkat telepon ti kuring, da meureun keur sosonoan jeung Si Sofia Foréver. Meureun lamun diangkat, bakal kadéngé sora soun-systemna.

Tapi, angger wé, dasar kudu kapanggih, nya kapanggih sok sanajan disumput-sumput gé. Kuring ambek, getih asa langsung nyebrot kana sirah. Lumayan jangar.

Cipanon teu bisa ditahan. Jebol.

Kuring nempo deui kana karcis. Tétéla peuting tadi. Karcis bioskop dua siki, ngalipet. Lalajo di 21 BIP. Beuuuu, jeung jauh bobogohan-nana gé. Mani teu tanggung. Awak ngadégdég. Cucian geuwat diasup-asupkeun kana mesin cuci. Geus ngatur mesin cuci mah, kuring leumpang bari leuleus pisan. Tuur karasa lungse, euweuh tangan pangawasa. Geuwat kuring moro Si Papah. Tapi édas, si Papah kasampak keur maju-keun deui mobil. Kuring geumpeur. Niat rék nuturkeun si Papah. Rék nalungtik ka mana jigna.

Naha ari gogoda keur rusuh, helm gé ngadadak hésé kapanggih. Biasana aya na spion motor. Ari ayeuna, jadi euweuh. Kuring panik. kokotéténgan néangan sakadang hélm. Ahirna kapanggih, gigireun paragi neundeun payung.

Bakating ku rusuh, make tiung gé saaya-aya wé. Geus ngoncian imah, motor distarter, belenyeng ngudag mobil Si Papah nu masih katempo kénéh bujurna. Lumayan, masih bisa dituturkeun. Tapi masing haté ambek sagedé gunung gé, kuring mawa motor bari loba istigfar, sieun cilaka pangpangna mah. Geus loba jelema cilaka, alatan ngalamun mawa kandaraan. Intina, teu pokus.

Ngahaja kuring ngajaga jarak jeung mobil Si Papah. Bisa gagal kabéh rencana, mun motor nepi ka kapanggih nuturkeun mobil manéhna. Katempo pisan ti kajauhan, Si Papah keur anteng nelepon. Dasar astahiam, mani terang-terangan ayeuna mah. Luas-léos teu puguh, tara amitan.

Tidiiiiiiddddd.

Kuring nu keur anteng ngalamun, jadi ngorénjag dilaksonan ku mobil Jazz bodas. Supirna awéwé geulis. Beungeutna arogan, bari muka kaca mobil, bari nyeuleuweung.

"Huuuhhh... ari mawa motor sing balég, atuhhhh!!!"

Kuring teu ngalayanan, da rumasa salah. Mun dilayanan gé, bakal leuwih parah, jeung bakal manjang. Jaba moal bisa ngabuntutan Si Papah. Untungna, mobil Si Papah katuturkeun kénéh. Alhamdulillah ari kitu téa mah.

Mobil mengkol ka lebaheun Asia Plaza. Kuring sigep markirkeun motor, di tempat nu bisa gancang nyakseni Si Papah. Geus nempatan posisi nu bisa nempo mah, kuring rada genah nalungtikna. Teu poho, hènpon disakuan.

Bener ogé, teu kungsi lila, katempo Si Papah norojol. Sup ka Rohangan food court anu rada mojok. Kuring teu sirikna ngeteyep nuturkeunnana. Si Papah katempo ningalian jam kana leungeun kéncana. Bangun nu geus jangjian. Beungeut jeung awak kuring, ngahaja dipin-dingan ku keretas menu nu dilaminating.

Selang 15 menit, aya awéwé ménor, nu nyampeurkeun ka Si Papah. Teu mènor teuing kétang, ngan dibandingkeun jeung kuring mah, mènoran kénéh manéhna. Umurna, kurang leuwih sarua, ngan dedegna jangkungan si éta. Keur mah jangkung, katurug-turug, maké sapatu jangkung. Matak béda kacirina. Si Papah bangun sumringah. Si Sofia téa kitu?

Kuring yakin, éta awéwé téh si Sofia téa.

Manehna sun tangan sagala rupa. Kuring anteng nempokeun kalakuan dua jelema, nepi ka ampir poho rék motoan téh. Geuwat hénpon disetel kana kamera.

Saenggeus digedéan zoom-na, rada écés ogè rupa éta awéwé téh. Cekrèk-cekrék, kuring sumanget motoan. Sababaraha adegan, hasil ogè dirékam ku poto. Waktu Si Papah nyepengan pundukna, keur uplek ngobrol, Si Papah mener-keun buuk éta awéwé. Atawa waktu biwir Si Papah diberesihan ku awéwé éta, kuring rikat motoan. Duh, peurih, Jenderal!

 

***

Comments


EmoticonEmoticon