KABELEJOG ASIH - Bagéan 8 - Penerbit SituSeni

Senin, 31 Mei 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 8

Yasana Queen Erni 

8

Kuring jeung Néng Sari papencrong-pencrong. Néng Sari pias, nempo ngaran anu nelepon. Kitu ogé kuring, jadi pipilueun bingung. Padahal pan ttos niat tadi gè, rék bébéja ka salaki Néng Sari. Ari ayeuna, ku lantaran kapiheulaan, kuring jadi bingung, sieun salah ngomong. Hénpon masih ngirining. Kuring méré kodeu ku halis jeung biwir. Néng Sari ukur unggeuk, pasrah. Tungtungna, kuring ngangkat telepon.

Bener wé, Pa Irfan nanyakeun pamajikan-nana. Kuring bébéja saayana, yén pamajikannana mémang aya di imah, jeung niat rék ngéndong. Pa irfan ukur nganuhunkeun. Teu loba catur. Geus narima telepon mah. Kuring ngarénghap napas. Mani asa plong pisan. Kitu ogé Néng Sari.

"Néng, ah, engké deui mah, teu kénging kitu, hawatos Si Bapa," kuring nyarita, tanpa melong manéhna.

"Sebel atuh, Tétéh, abdi téh mani asa dipenjara pisan... Bapa mah ampun."

Kuring seuri leutik.

"Néng, bilih badé leleson, sok wé tong asa asa, nya..." ceuk kuring, bari amitan rék salat, tuluy langsung saré, saenggeus panto dikoncian.

Néng Sari pipilueun. Sup manéhna ka kamer tamu. Panto dipéléngékeun saeutik. Tung-tungna tipi dipareuman, da euweuh nu lalajo. Kalebar-lebar listrik, diantep sina hurung mah. Tara biasana sih, tipi dipareuman. Tapi bisi matak ngaganggu Néng Sari.

Léos kuring ka cai, tuluy abdas. Asa kuseger. Ngahaja ari geus abdas, cai dina beungeut tara diandukkan. Cenah mah, ngarah cahayaan. Wallahu. Pas ngaliwat ka kamer tamu, kadéngé sora Néng Sari keur teteleponan, bari seuseurian di tahan.

"Néng, bilih badé natepan, mukenana aya di lomari, nyaa." ceuk kuring, bari teu ngada-goan jawaban.

Bus kuring ka kamer. Rék sujud, pasrah sumerah, curhat ka Nu Maha Asih.

Sapanjang keur curhat ka Nu Kawasa, hawar-hawar kadangu sora Néng Sari seuseurian, bari ngobrol. Sigana jeung si Robi. Rada kaganggu oge sabenerna mah, jadi kurang husu ngadoa téh. Jaba pipikiran inget ka Si Papah. Sababaraha kali kuring istigfar. Geus bérés solat, gep kana hénpon. Rék ningali WA salaki, sugan on. Haté samar rasa. Tétéla, teu on. Kuring suudzon, boa-boa keur jeung Si Sofia nu itu.

Sora Néng Sari masih kadangu, sabener-na mah alus, jadi teu tiiseun teuing imah téh. Tapi kuring teu resep, teu wè ari nyebut antipasti mah. Gep kana hénpon, jempol mencétan nomer Si Papah, susuganan diangkat. Aya ari nada sambung mah, lagu mawar bodas, nu dijadikeun ringtun. Asa beuki karasa kanyeri hate téh. Tuluy weh dihubung-hubungkeun, yén éta lagu téh, keur Si Sofia forever.  

Teu diangkat.

Tétéla, Si Papah bener-bener geus teu maliré ka kuring. Awak leuleus. Haté jeung batin, ceurik balilihan. Tungtungna cipanon gé muruluk. Kuring nyungseb kana bantal. Sieun Néng Sari apal. Teu karasa, kuring kasaréan, lilir-lilir pèdah kadenge sora tahrim. Waktu muka panto kamer, kasampak Néng Sari geus aya di ruang tamu, keur diuk bari nyo'o hénpon. Pas ngarérét, manéhna semu reuwas ningali kuring.

"Téh, kunaon èta, kuat carindul kitu?" tanyana reuwas.

"Rieut wengi téh, asa nyut-nyutan soca téh, Néng..." kuring ngawadul saeutik.

"Ka dokter, atuh, hayu atuh ku Néng dianteur." Néng Sari nawaran.

Kuring seuri, tuluy ka dapur, maksudna rèk nyieun citèh panas, jang Néng Sari. Song cai disodorkeun jeung kuèh semprong. Léos ka cai. Sabot di cai, kadangu Néng Sari bangun ngobrol. Sorana mah siga sora Si Papah. Kuring jadi kurang konsén. Mandi gè asa teu puguh. Hayang gera buru-buru manggihan Si Papah.

 

***

Comments


EmoticonEmoticon