KABELEJOG ASIH - Bagéan 7 - Penerbit SituSeni

Rabu, 26 Mei 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 7

Yasana Queen Erni


7

Lantaran hénpon ngirining waé, tungtuna mah kuring jadi  panasaran ogé.

"Bu Sofia, pami Sari, masih kénéh sareng ibu?"

Deg.

Kuring reuwas, lantaran, Néng Sari can balik. Ahirna, terus terang ka Pa Irfan, yén pama-jikannana titadi gé geus balik. Pa Irfan teu loba tatanya. Geus ngadangu jawaban ti kuring, gan-cang manéhna nganuhunkeun. Kuring ngahu-leng. Aya rasa sieun, Néng Sari nakal ngambek. Tapi kuring tara biasa ngabohong. Sok saayana. Tungtungna pasrah. Éta mah, Néng Sari rék ngambek heug, teu kajeun. Komo kaayaan rumah tangga sorangan gé, keur kieu. Boraah mikiran batur. Teu ngaengké-engké deui, kuring langsung ka cai, tuluy abdas. Hayang tiis pipi-kiran. Ari kaayaan kieu mah, salat gé sok jadi leuwih husu. Bener, wé... haté jadi leuwih tenang, tingtrim.

Waktu geus nunjukkeun kana angka 9 peuting. Si Papah can balik kénéh waé. Ditelepon, teu diangkat, di WA teu malesan. Tapi aktif. Imah gé tungtungna mah dikoncian. Hordéng narutup. Teuing kudu kumaha deui. Pas keur ngalamun bari lalajo tipi, sora klakson mobil disada. Tapi lain mobil si Papah. Kuring noong bari muka hordéng ku curuk. Katempo Néng Sari muka pager. Kuring buru-buru muka konci. Tuluy neu-teup Néng Sari.

"Téh, abdi badé ngéndong, nyaaa... wengi ieu wungkul."

Kuring teu ngajawab. Leungeun Néng Sari dibetot, sangkan diuk dina korsi.

"Aya naon, Néng... Asa ku rareuwas."

"Biasa, téh... éh, tadi di jalan asa ninggal Si Bapa, sugan téh sareng Tétéh. Matakna, Néng nglaksonan. Tapi pas ngalieuk, sanés Tétéh, ning.

Leketey, haté karasa ngaleketey. Saba-baraha detik mah, beungeut karasa beureum. Panas. Gancang kuring nyaluyukeun kaayaan.

"Enya, nuju nganteurkeun kapi rayina," kuring nutupan.

"Janten, kumaha, Téh, wios ngéndong, nyaaa..."

Kuring ngarénghap.

"Tapi, teu aya masalah, pan Sareng Pa Irfan? Sualna, tadi anjeunna nelepon."

"Aduhh, telat atuh abdi ka dieuna... terus, Tétéh ngawaler kumaha?" ceuk Néng Sari.

"Hampura atuh, da Tétéh mah tara bisa ngabohong."

Néng Sari teu ngambek. Rumasa salah, meureun. Tuluy cicing. Tapi kuring jadi karunya, tibatan saré di hotél, atawa liar teu puguh, leuwih hadé diampihan. Tapi na jero haté, kuring rék bébéja ka Pa Irfan, yén pamajikanana aya di dieu, jadi moal melangeun. Katambah kuring euweuh batur.

"Nya entos atuh, Néng, mobilna lebet-keun ka buruan, ngahalangan angkot," ahirna kuring méré ijin ogé.

Néng Sari teu sirikna ngagabrug bakating ku atoh. Kuring ukur seuri leutik.

"Néng, gentos acukna ku daster, nya..."

Néng Sari ukur unggeuk.

Kuring nyokot daster na lomari. Teu weuteuh, tapi weweg. Warnana pulas toska, jeung beureum sahéab. Cocok keur Néng Sari mah, da kulitna beresih. Kuring nyodorkeun daster, bari  nunjuk kamer tamu, sina salin di dinya.

Pas Néng Sari kaluar ti kamer tamu, kirining hénpon disada deui. Neng Sari ngadeu-keutan, bari ngomong euweuh soraan.

"Ti suami Tétéh?"

Kuring gideug, bari malikkeun hénpon deukeut beungeut Néng Sari. Pas maca saha nu nelepon, manéhna rada panik.

 

***

Comments


EmoticonEmoticon