KABELEJOG ASIH - Bagéan 6 - Penerbit SituSeni

Rabu, 26 Mei 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 6

Yasana Queen Erni

6 

Sofia Foréver.

Sofia, semenjak aku mengenalimu lèwat Raharjo, demi Tuhan, aku tidak bisa berpaling dari kerlingan matamu. Indahnya senyummu. Demi, akan kutoreh namamu di langit sana, agar tak seorang pun dapat menghapus jejak cintaku padamu. Kaulah gadis yang tidak akan kulupakan seumur hidupku. Memang dulu aku orang yang tak punya, dan kau tak mau itu. Namun, akan kubuktikan sekarang, bahwa aku mampu membahagia-kanmu: Kaulah cinta matiku!

***

Panon teu ngiceup, nempo jéjéran kecap nu bener-bener jadi cucuk na dada. Nyeri. Karasa raheut, sabab si Papah geus kamalinaan. Ieu lain heureuy. Béda. Ieu bener-bener tulus tina jero dada. Cipanon mimiti muruluk, ngabanjiran pipi. Komputer anu rék dipareuman, bedo di offkeun. Keclak cipanon, keuna kana leungeun si papah.

Teuing karasa baseuh sugan, ana koréjat téh si Papah hudang. Tuluy ngarasa bingung lan-taran nempo kuring rambisak. Can sadar jigana mah.

Haté beuki asa kagerih. Na ari kocéak téh kuring ceurik tarik pisan. Bari nganaha-naha ka Si Papah, bet bisa kitu. Ieu lain heureuy. Kuring can apal carita Si Sofia, babaturan kuliahna anu kabe-neran ngaran hareupna, sarua jeung ngaran kuring. Ari sugan téh éta tulisan jang kuring. Jadi, salila rumah tangga, manéhna mah kaobsésian hayang kapimilik. Sofia babaturan kuliahna. Sofia anu mawa dendam pikeun ngabuktikeun tékad si Papah, nepi ka kiwari. Sofia anu kudu dipimilik. Kuring jejeritan.

Teuing aya sétan naon, si Papah lain kadua ménta hampura, malah ngadon ngaben-tak ka kuring. Kagok asong bangunna mah. Da rék teu ngaku, apaleun kuring nyaho karakter manéhna. Tungtungna jadi hoghag. Can pernah kuring paséa modél kieu. Sok komo bari pasentak-sentak. Si Papah ngaku, yén manéhna mémang masih kénéh neundeun harepan, malah  manèhna bisa ngabuktikeun, yén bisa ngabag-jakeun.

"Maksud Papah, Mamah rék diduakeun?" kuring neuteup, nantang.

"Nya mun Mamah embung didua, urang cag nepi kadieu." Si Papah wawanian ngomong kitu.

Kuring neuteup seukeut. Inget ka nu jadi kolot, lamun keur ambek, tong nyieun kaputusan. Moal balég. Na jero haté, kuring istigfar.

"Ari Papah sadar, wani kitu ka Mamah?" kuring ngaleuleuyan.

Si Papah teu langsung ngajawab. Ngadon ngaléos. Kuring asa diulinkeun. Bakat ku keuheul pagalo jeung napsu, kuring ngadudut kaosna. Awak Si Papah rada ngojéngkang, kabetot. Manéhna jadi pipilueun napsu. Leungeun kuring diképéskeun. Kuring ceurik, tapi teu kokocéakan, sadar, éra ku tatangga. Si Papah ngaléos, turun ka handap. Haté remuk lir ditutuhan ku halu. Batin jumerit ka nu kawasa.

Awak karasa manasan. Ngadadak mu-riang. Kuring ngalempréhkeun manèh dina kasur nu aya gigireun komputer. Panon narawang. Rét kana pigura nu ngagantung dina témbok. Foto kawin. Rét kana foto Si Papah, asa karék kaciri, imutna bangun dipaksakeun. Lain imut bagja. Panonna semu neundeun kabohongan.

Ya Rabbi, na kuring bet tiasa kabelejog kieu. Hartina, salila rumah tangga téh, Si Papah mah, bororaah "nganikmatan" ka nu ngaranna bagja lalaki rabi. Da geuning, haténa mah masih montél ka Si Sofia, babaturan kuliahna tea. Awak beuki panas, ngadég-dég. Rék disarékeun, tapi panon ngadadak teu bisa diajak kompromi. Sirah rieut, beurat. Kuring peureum, bari haté mah ceurik balilihan. Saeutik-saeutik, kuring mimiti ngumpulkeun pangacian, jang nginget-nginget saha waé babaturan si Papah teh. Sugan jeung sugan, bisa nulungan. Sahenteuna, nu mana jeung di mana, nu ngaranna Si Sofia téh.

Pipikiran langsung inget kana pesbuk. Iwal éta nu bisa nulungan kuring, keur saayeu-naeun mah. Tapi da Si Papah mah, rarasaan teh, tara pesbukan. Rada hésé oge mun rék ngala-cakna. Ieu mah susuganan wé. Atuh mun teu kapanggih Si Sofia na gé, sugan babaturannana.

Enya, geus panceg rék nalungtik Si Sofia liwat pesbuk heula, tapi moal ayeuna. Ayeuna mah, kuring rek sujud ka nu Maha Cinta, rék jajaluk, sing ditenangkeun haté, sing tiis pikir. Sumerah.

Kuring cengkat, bari maksakeun manéh. Sirah karasa kénéh enyud-enyudan. Jrut, kuring turun ti loténg. Si Papah euweuh. Rét ka luar, kasampak pager muka. Horéng mobil dibawa. Kuring saukur bisa ngusap dada. Istigfar.

Hénpon ngirining. Geuwat kuring muru sora. Hénpon dina tas, dicokot. Ningali ngaran anu nelepon. Pa Irfan. Kuring bingung, antara telepon dijawab, atawa moal. Éra, soalna sora pasti bakal kadéngé urut ceurik.

Hénpon ngirining deui.

Masih ti Irfan.

***

Comments


EmoticonEmoticon