KABELEJOG ASIH - Bagéan 5 - Penerbit SituSeni

Rabu, 26 Mei 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 5

Yasana Queen Erni 

5


Robi..." éta borondong téh nyolongkrong-keun leungeunna, ngajak sasalaman bari unggeuk sopan.

"Bu Sofia," témbal kuring.

Ngahaja maké kecap "Bu", ngarah aya wibawa, hareupeun manéhna.

Gék kuring diuk, hareupeun si Robi. Néng Sari gigireunnana. Teu pati rapet teuing sih, ngan angger géstur awakna, aya kadeukeutan husus. Leungeun Robi jeung leungeun Néng Sari, paantel luhureun méja. Kuring teu loba omong. Geus api-api nyo'o hénpon deui waé.

Iseng ningalian status salaki dina WA. Angger, teu ubah ti baheula.

Sofia Foréver.

Kuring ngarénghap napas. Ngemplong ogé. Sahenteuna, ngaran kuring tara diganti-ganti. Cukup heula anan sakitu gé.  

Sora Néng Sari, kadangu mani manja. Si Robi bangun nu heueuh perhatian. Manéhna nyedot roko, mani anteb pisan. Leungeun katuhuna nyepengan korsi, nu didiukan ku Néng Sari. Awak Néng Sari rada nyangigir, nyangha-reup ka Si Robi. Panon maranéhannana remen paamprok. Kaciri aya geter-geter. Biasa, nu keur kaawuran êcéng.

Palayan nyampeurkeun, tuluy nanya rék pésen naon. Kuring milih nasi timbel komplit. Néng Sari nurutan. Robi ogé. Sugan ari nga-habek timbel mah, teu sareukseuk teuing ningali pamandangan hareupeun. Enya kasép si Robi téh, tapi bangunna tukang ngamangpaatkeun ibu-ibu anu kasepian. Tapi teuing kètang. Kuring anteng ngilikan pameunteu si Robi.

"Mangga, Bu... ieu pésenanana... timbel komplit tilu, és téh manis 3," ceuk palayan, daria.

Geuwat kuring nyokot timbel bagéan, tuluy nu dua, disodorkeun ka hareupeun Néng Sari, sangkan gera didalahar. Hareudang ogé jadi kambing congé téh, ning.

Bener wê, Néng Sari jeung Si Robi langsung nampanan. Si Robi cecelebekan pisan. Teuing ngeunah, tapi bangunna mah lapar. Daharna gancang pisan. Kuring mah, biasa wé, tapi kurang dirasa. Maklum asa tara biasa nganteur anu keur ngembangkeun tali katrésna.

Bérés dahar, kuring nga-WA Neng Sari, sangkan tong lila teuing, api-apina, si Papah geus nitah balik. Néng Sari nyanggupan. Saméméh balik, manéhna haharéwosan ka si Robi. Si Robi pamit. Kuring ukur unggeuk.

"Saha, Nèng... cidaha, sanés... mani siga si Chico Jéricho?" kuring mancing, api-api nyarita semu kagum.

"Hahahahhah, biasa téh tamba kesel. Bageur, perhatian.... teu cara suami, ning." tembalna. Panonna anu cureuleuk, jadi semu alum.

Tah... tah... geuning, enya wé kabogohna. Sedil ngadengena.

"Kumaha mun kapendak ku Pa Irfan, Néng?"

"Ah, moal téh, da ayeuna mah Insyaallah rékép," tembalna, tiis.

Beu... éta kecap Insyaallah, dipaké jang ngaréképan nu kitu patut... hartina, saméméh ayeuna, manéhna kungsi atuh ari nyebut kitu mah. Kuring can bisa loba omong. Ukur bisa ngusap dada na jero haté, nepi ka hareupeun imah.

Waktu asup ka imah, kuring teu mang-gihan si Papah di ruang hareup. Bari nguculkeun tiung, kuring ulak-ilik kana kasur. Tétéla, euweuh. Belewer, ciput jeung tiung dibelewerkeun, kana karanjang héjo, handapeun kaca toliét. Pana-saran ogé, térékél kuring ka loténg. Tangtu si Papah keur aya di ruang gawéna. Ruang kom-puter anu ngahaja diteundeun di loténg, ngahiji jeung buku-buku anu ngabubrug, can kaburu dibérésan. Horéam.

Bener wé, kasampak si Papah kasaréan hareupeun komputerna. Leungeunna sidakep, dijadikeun bantal. Bangun tibra. Baku ari geus nulis carita téh, sok kitu si Papah mah. Sok kamalinaan. Kuring inisiatip rék mareuman kom-puter. Teu ngahaja, kabaca tulisan na komputer, ngeunaan diri kuring.

Sofia Foréver.

Ngajeblag badag, make font ukuran 16, Judul tulisan téh. Kuring seuri leutik. Bari atoh. Geuningan kuring masih kénéh dipikacinta ku salaki. Panasaran, kursor di ka handapkeun. Lalaunan, da sieun matak Si Papah hudang.

Gebeg.

Naon anu aya dina pikiran, èstuning jadi mawur. Awur-awuran. Ka mana mendi. Hatè ngadadak lumpuh layu, pas maca paragraf kahiji. Paragraf anu matak leuleus satulang sandi. Asa kahina ka nu jadi awéwé. Kuring istigfar na jero haté, nguat-nguat maneh ngarah teu nambru.

 

***


Comments


EmoticonEmoticon