KABELEJOG ASIH - Bagéan 10 - Penerbit SituSeni

Senin, 31 Mei 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 10

Yasana Queen Erni

10

 

Haté bohak. Karasa asa diturihan ku cucuk, pas ningali Si Papah seuseurian bagja jeung Si Sofia Foréver, ocon paduduaan. Bagja temenan Si Papah. Kahayang mah ieu panon bisa peureum, embung nyakséni. Tapi kuring teu mampu. Cucuk nu nanceb na dada, karasa pisan nyanyautannana, ningali eta Si Papah kajaring ku asih.

Eumh, lain kuring geuningan anu dipika-cinta téh, nu dipikanyaah, padahal lalayaran tèh geus sakitu lilana. Kuring ampir putus harepan. Sanajan haté peurih, kuring nguat-nguatkeun manèh, sangkan lancar misi nalungtik Si Papah. Ari ngan saukur motoan mah, kuat hatè tèh. Tapi mun bari kudu ngarekam ku vidéo, asa digerihan ieu haté. Terus terang, kuring teu sanggup.

Aya kana 25 menitna, nyakséni Si Papah téh. Batrè na hénpon geus ngedat héjo. Tinggal 15 persén deui. Kudu dicukup-cukupkeun, jang dokumèntasi. Haté mah geus teu kuat hayang curhat ka si Dédéh, tapi dipikir-pikir, asa éra ogé, ngabolékérkeun kagoréngan salaki sorangan. Bari can puguh si Dédéh daèkeun ngadangukeun curhatan kuring. Da kaalaman ku kuring gé, kadang horéam ngadéngékeun curhatan batur téh. Komo anu ngajak curhatna jelema ègois. Ari manéhna hayang didéngékeun, ari lagu urang ngadongéng, papaharé. Sok sedil.

Panalungtikan balik deui ka lebah juru. Si Papah cengkat. Tapi Si Sofia Foréver henteu. Bangunna, maranéhna rék papisah. Tapi kaciri Si Papah wungkul nu nangtung tèh. Tuluy ngaléos saenggeus tonggong leungeun si Papah dicium. Kuring ngatur diri, rék nempo ka mana si Papah jig na, jeung ka mana tuluyan Si Sofia. Bisi wé, Si Papah balik deui. Tapi ningali saréatna geus disun tangan mah, asa piraku rék balik deui.

Lebah jandèla réstoran, katingali mobil Si Papah ngarayap ka luar. Tapi Si Sofia Foréver teu ingkah. Sasakali manéhna nyedot jus nu tinggal satengah gelas. Sasakali ningalian jam, ngocèk-ngocék jus. Kitu jeung kitu wé.  Yakin, si Papah moal balik deui. Haté geus panceg rék ngada-tangan Si Sofia Foréver. Bisi kaburu ngaleungit. Niat mah rék ti haté ka haté wé. Ngomong nu jadi awéwé, kumaha mun kaalaman ku anak incuna.

Karék gè rék jung,  katempo aya lalaki kasép nyampeurkeun ka Si Sofia. Leungeunna ujug-ujug nyekelan pageuh pisan. Si Sofia jiga reuwas. Katempo panonna semu molotot. Tuluy maranéhna katingali paloba-loba omong. Nu lalaki katempo saeutik nahan piambekeun. Beungeut-na sasakali luak-lieuk ka sabudeureun rohangan. Kuring sigep motoan.

Duanana carengkat, kuring nuturkeun. Jarak antara kuring jeung manéhna, teu jauh teuing. Lumayan bisa ngadéngékeun obrolan, masing teu pati jelas gé.

Dina obrolannana mah, lalaki éta téh, salakina. Beu, Gusti, bener-bener kiwari tèh geuning, geus tungtung dunya. Nu geus rarabi, bogoh ka salaki batur, atawa sabalikna, malahan aya kolot, nu bogoh ka budak sorangan.

Bener geus kolot umur dunya téh. Si Sofia Foréver ngomong kasar, yén manéhna teu tarima disebut panyabab rumah tangga rengat. Jeung nyarita, yén Pa Budi mah saukur kaulinan, da teu bogoh. Manéhna dedemi Allohan, ukur bogoh ka salakina.

Deg.

Jajantung asa coplok, alatan ngaran Si Papah dibabawa. Enya, Budi saha deui atuh, ari lain Budi salaki kuring mah, anu eces tadi karék papanggih. Éta si Sofia ku wanian, nyebutkeun ngaran Si Papah ukur kaulinan. Horéng asih Si Papah téh, teu repok duanana ning. Aya puas, aya cua. Pagalo rasa tungtungna mah.

Salaki Si Sofia Foréver, teu hayang nyaho. Manéhna tiis. Si Sofia keukeuh, yén manéhna hayang nuluy jeung salakina. Kuring olohok, bari bengong. Teu bisa nanaon, ukur nempo hénpon nu batréna tinggal 4 persén deui. Kuring teu nuluykeun panalungtikan. Geus ngarasa cukup keur poé ieu. Nu jelas, masalah geus rada kaharti. Intina mah, Si Papah geus dijadikeun korban cinta. Moal jauh, pasti rék dikerud, da geuningan bogohna mah ka Si Rahman, salakina téa.  Lantaran rieut, kuring asup deui ka réstoran. Ayeuna mah kuring mesen sangu, kumplit jeung jus alpuket. Diuk pindah. Rada jauh ti nu tadi.

"Bu... Sareng saha?"

Spontan kuring ngalieuk, ka lebah kénca, ka asalna sora datang. Kuring u a eu eu, ningali Pa Irfan, salaki Néng Sari, nu dompétna katimu ku kuring téa.

"Tiasa ngiring gabung di dieu?" tanyana deui.

Kuring ukur unggeuk. Duh asa ku éra mun kaciri galow.

"Bu Néng Sari ka mana, Pa?" kuring basa-basi.

Pa Irfan teu langsung ngajawab, lantaran aya patugas réstoran. Manéhna mesen baso balung komplit. Hayang seuri aya, jadi kabita aya. Pagalo kahayang. Asa rada anéh, aya lalaki resep baso. Biasana lalaki mah jarang nu resep baso.

"Tos nyobian acan, Bu... Ngabaso balung di dieu...?" manéhna malah nanya balik.

Kuring teu ngarti, éta patanyaan sangkan kuring teu nanya Néng Sari, atawa boga maksud lain.

"Acan, Pa. Bapa mah, pasti sering sareng Bu Néng..." tembal kuring ngalempengkeun deui obrolan. Sina ngajurus kana pamajikannana.

Manèhna imut. Manis pisan.

"Ah, si ibu mah, naon wé... Da biasa istri mah sok resep barang ganyem ning," tembal Pa Irfan.

Kuring teu pati tatanya. Keur mah haté pajurawut, katuturug can dahar. leuleus nu aya. Tapi pas palayan datang mawa pesenan mah, panon jadi rada ngaburinyay. Komo pas ningali pesenan Pa Irfan mah. Baso balung. Pikabitaeun pisan. Balungna dina kastrol. Duh, éta sumsum narolol, lubér dina tulang. Gurih. Kuring neureuy ciduh. Hayang sangu, tapi kabita ku baso balung.

Pa Irfan bangun surti. Geuwat manéhna nyurungkeun kastrol eusi baso balung, jeung mangkok ka tengah méja. Terus cengkat, muru méja kasir. Singhoréng ménta mangkok kosong hiji deui. Gék diuk. Tuluy nyokot pangcapit balung, gep balung dicokot, terus diteundeun na mangkok kosong. Keduk-keduk kuah baso teh disiukkan. Song mangkok eusi baso balung jeung séndok, disodorkeun ka kuring.

Kuring olohok. Saumur nyunyuhun hélm, can pernah Si Papah merlakukeun kuring modél kitu.

 

***

Comments


EmoticonEmoticon