Penerbit SituSeni: WILLY
Tampilkan postingan dengan label WILLY. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label WILLY. Tampilkan semua postingan

Selasa, 01 Juni 2021

FOLLOW ME? - Puisi Willy Fahmy Agiska

Bersama sisifus
dan tokoh fabel si siput
terus saja ia dorong
nama besarnya
ke atas bukit
ke atas karang
ke bintang-bintang*

Sesekali
mendengar podcast angin
atau hal ikhwal mungkin mungkin

Sesekali yang lain lagi
persuasi ke beberapa burung
atau langit biru-biru cangcut
supaya lek en sabret sabret
konten resah plus keluh kesahnya

Beberapa puluh tahun kemudian
yang masih gitu-gitu aja,
masih bersama sisifus
dan tokoh si siput aja,
tiba juga ia akhirnya
bersama nama besar-besarnya
di atas bukit
di atas karang
di bintang-bintang

Lantas digulingkannya segera
namanya yang besar-besar itu
ke tempat semulanya bermula

Cuma mengernyitkan dahi ia
ketika sepetak bumi datar
bersungut-sungut, mungkin kepadanya:

anying... nama siapa inih?
anying... menimpa aing, anying...

Di kejauhan,
memang di kejauhan,
aing-lirik cuma ngakak kecepirit
sambil botol bintang dicekik
plus ngelamunin peredaran uang
atau arsip data diri digital,
yang sebenernya
lagi pada jalan kemana aja sih...

Sebentar. Sekilas instastory:

Euh, anying. Keheula atuh anying
lalayangan aing belum siap diaduin
atuh anying lah

teriak si bocil komplek
sambil mewek-mewek
gulung golongan tali layangannya
siang-siang, di area jalan
yang mengarah langsung
ke akademi tentara...


2020

Kamis, 27 Mei 2021

EMPAT SAJAK SUNDA WILLY FAHMY AGISKA

HAR


Ngetém di angkot Stasion-Lembang
setengah jam.


Ngetém di haté manéh
tekor umur sorangan.


Nggeus atuh, rup.
Tong ngiriman waé papan ketik
atawa sajak ka haté aing. Rudet.


Kop lebok,
nasib mah anu manéh.


2021


CUNGUR


Masih betah kénéh ning, mandi beurang
di wc luar kosan euweuh saungan
(jiga haté manéh pisan)


Tuh, tempo ku sia nepi edan.


Langit heurin ku awan
jeung beungeut-beungeut babaturan
ngagarantung, kakalangkangan, laliwatan.


Cungur, euweuh hirup anu bebas.


2021


LATIHAN NGETIK
STATUS DEUI


Hey, Zuckerberg


Di mana manéh
nunda uteuk ti basa
jeung haté aing siah,
di mana


Tong olo-olo kitu lah.


Cik, ménta aplikasi.
Loba teuing leungeun
paridato, rudet.


2021


BUND


Ari si bakékok kamana, bund?


Naha bet ayeuna mah
meni euweuh san ngahudangkeun lah.


Sakalian wéh atuh
tutupan ku daun cau aing téh.


(Ti beulah ditu, joljol aya loba “bakékok”
cenah, ceuk cungur-cungur hayam batur)


Koplok


2021



Willy Fahmy Agiska, lahir di Ciamis, taun 1992. Sapopoé mancén gawé di Bandung jadi rédaktur sastra Buruan.co. Sok aktip di komunitas sastra ASAS UPI. Seseringna nyerat puisi dina basa Indonésia, bari sasakali nyerat puisi dina basa Sunda. Buku kumpulan puisi basa Indonésia-na, Mencatat Demam (2018, Kentja Press) kungsi dilélér hadiah sastra Hari Puisi Indonésia katégori “Buku Puisi Terbaik Anugerah HPI 2019”.




Email: willyfahmyagiska@gmail.com
No. Hp: 089627002433 (Whatsapp) atau 081211830880 (Telepon)