KABELEJOG ASIH - Bagean 18 - SITUSENI

Senin, 14 Juni 2021

KABELEJOG ASIH - Bagean 18


Yasana Queen Erni

18

Deuis, pang malik-malikkeun ranginang di luar." Ambu ngagero.

Kuring yakin, Ambu lain satitah-titahna. Tapi mèmang ngahaja, sangkan kuring teu kudu ngajawab patanyaan ti Abah. Kuring balik deui kana méja makan. Ngaregot cai anu meunang niiskeun. Suruput-suruput, cai diuyup. Masih rada panas. Kuring langsung ka luar imah. Sendal capit héjo anu Ambu dipaké.

Kurajin Ambu mah, nyieun ranginang sok ku sorangan. Ukurannana sok béda tinu séjén. Laleutik, lalucu. Teu cara batur, bentukna ngago-déblag ngarangkadak. Hanjakal bakat rajin jeung pinteran masakna, teu nurun ka kuring. Satengah ngalamun, kuring malik-malikkeun ranginang.

"Gening nuju aya di dieu, Néng?"

Kuring nempo ka nu nanya. Singhoréng Bu Nining, tatangga sabeulah.

"Eh, Ibu... Muhun, Bu... Sono ka Ambu."

"Badé ngawengi?"

"Inshaallah, Bu... Ibu badé ka mana? Sin-dang heula atuh..." kuring basa-basi.

"Biasa we, ka warung, Néng... Muhun mangga, Inshaallah," saenggeus paamprok ramo, Bu Nining ngaléos.

"Ngendong Deuis?" sora Ambu ujug-ujug aya gigireun.

"Wios, nya, Ambu..." kuring tungkul, teu wani ningali ka Ambu.

"Asal diijinan ku Si Papah."

"Alhamdulillah, dipiwarang malah, Mbu."

"Enya keun baé, ari kitu onaman atuh."

Ambu ngaléos. Kuring ngarénghap napas. Ngemplong. Da jeung saenyana pan, kuring dititah indit ka imah Ambu. Teu salah kuring mah.

Duka teuing kumaha Ambu nyarios ka Si Abahna, da pas kuring asup ka imah deui téh, Abah teu tetelepék tataros masalah Si Papah. Ngemplong sih ngemplong, tapi angger wé lantaran kuring mah geus apal médan, kaayaan kitu téh, justru hutang keur kuring pikeun jujur nyaritakeun sakabéh permasalahan, ti enol nepi ka peun. Sabenerna mah kuring gé matak balik téh, rék balaka, tinggal nungguan waktu nu paling pas pisan, pikeun nyaritakeunnana.

Kasampak Abah sareng Ambu anteng narongton tipi. Sok matak sirik mun ningali. Rarasaan, asa jarang Abah sareng Ambu paraséa, sakanyaho mah. Èstuning adem ayem. Padahal, apal sorangan kumaha jaman baheula ti mimiti ngadeukeutan, nepi ka rarabi. Èstuning natural. Dina dijodo-jodona gé, ngaguluyur. Sababaraha detik kuring anteng na lawang panto merhati-keun duanana. Saterusna, kuring asup ka kamer.

Ngagolédag kana kasur jeung bantal kapuk. Nikmat pisan. Nangkarak bari nyawang, melong kana lalangit kamer. Inget ogé ka Si Papah. Teu bisa dibohongan. Boa ayeuna keur jalan-jalan jeung Si Sofia.

Gebeg.

Duh, kuduna mah, kuring mérésan heula barang nu aya di imah. Ras wè kuring inget kana cepuk sagedé jeung siga sabun giv, bahan tina pérak, wadah perhiasan. Sok sieun dibikeunan ka Si Sofia. Maklum ari lalaki, paling ampuh sigana téh ngolo awéwé ku emas. Wadul, mun ngolo awéwé jaman ayeuna cukup ku ngan saukur kembang sabeungkeut. Kabala-bala. Ngaruntah.

Duh, jadi teu genah haté. Balik waé kitu, jang nyokot cepuk éta... Mangkaning neundeun-na gampang ditéangan. Konci lomari gè, Si Papah apaleun, sok diteundeun luhureun lomari.

Astagfirullahaladzim, kuring teterusan goréng sangka ka Si Papah. Tapi mecak rék suudzon gé, ningali kalakuanana ka kuring geus wani kitu patut, moal teu mungkin wani ngaro-gahala perhiasan nu kuring gè. Jaba jumlahna lumayan. Komo aya emas paméré ti kolot. Aduh!

Rék balik heula, meungpeung karék jam opat, kumaha ngomongna ka kolot, jaba sabe-nerna mah, can wani momotoran ka nu jauh ayeuna-ayeuna mah. Maklum haté can stabil, masih can normal. Sieun cilaka di jalan. Tapi mun teu balik, kuring teu ngajamin barang nu aya hargaan, bakal tetep aya di imah.

Maklum anu keur begér, sagala hayang ka uja uning, alias kapuji. Karek sadar, memang geus béh ditu penampilan Si Papah jadi beuki nècis, tapi asa dingora-ngora. Beuki sportif, casual. Boro atoh, boga salaki beuki bisa mapan-tes manéh. Singhoréng, ngarah kataji ku kabo-gohna. Sedil. Kuring jadi riweuh teu puguh, nimang-nimang antara balik ka imah heula, atawa diisukkeun. Sirah asa ngarieutan deui. Duh, biasana mah ku disarékeun gè bakal cageur, tapi kieu carana mah, bangun moal parélé.

"Ambu, Nyondong landong rieut?" kuring ka luar kamer bari ngajenggutan buuk, roman muringis.

"Tingali wè di kotak obat, aya asana téh" saur Ambu, bari nunjuk kotak obat nu aya di gigireun lawang panto ka ruang makan.

Gidig kuring ngagidig. Tuluy muka kotak obat anu ngagantung. Aya obat mérah, perban jeung babaraha hiji ubar. Geus diilikan hiji-hiji, ahirna, meunang oge anu dipikahayang.

"Aya, teu ubarna?" ceuk Abah.

"Aya, Bah... Teu kiat rieut."

"Samemeh ngadahar ubar, salat heula, engké mah bisi kasaréan."

"Muhun, Bah... Ieu gè badé abdas."

Ubar disakuan. Niat rék salat Asar heula, méh jongjon.

Waktu kuring bérés abdas, Ambu ngam-pihan ranginang anu keur dipoé.

"Kin atuh, Ambu... Ku Deuis waé ngam-pihan ranginang mah, jaba nyiruna beurat." pok téh, asa teu téga ningali Ambu mawa nyiru badag, eusi ranginang atah.

"Keun baé da biasa Ambu mah... Apanan Deuisna gè rieut."

Kuring teu bisa deui ngajawab.

"Abah, atuh bantosan Ambu!" kuring teu neruskeun omongan, soalna pas ningali ka Si Abah, Si Abah tos ngaguher deui waé.

Emh, deudeuh teuing. Geus kolot mah, nya teu kaop cicing, ngaguher deui. Abah geus mimiti balik deui ka kalakuan orok. Loba ngagu-herna. Kuring istighfar na jero haté, tadi wawa-nianan nitah ka Si Abah.

 

***
Comments


EmoticonEmoticon