KABELEJOG ASIH - Bagéan 11 - Penerbit SituSeni

Selasa, 01 Juni 2021

KABELEJOG ASIH - Bagéan 11

Yasana Queen Erni

11

Pa Irfan anteng ngoérhan sumsum ku séndok. Am... Am, dihuapkeun. Tungtungna kuring pipilueun jadi kana balung. Niat sangu meunang mesen mah, rék dibungkus wé. Bener tukang dagang téh, bisaan. Balung gurih, tapi teu matak leneng. Pa Irfan ngésang. Sumanget pisan daharna.  Kuring tadina rék ngasongkeun tissue, tapi bolay. Kahiji, sieun pajar so sweet’. Kadua, sieun aya nu moto. Jadi inget kalakuan tadi, basa kuring mutrat-motret batur, der kéh jadi fitnah. Katiluna mah, bisi pimatakkeun. Pangpangna mah, lain salaki sorangan.

Keur anteng nyaliksik balung, na bet ras ka Néng Sari. Asa sieun ujug-ujug datang ka dieu. Kacipta olohokna meureun, nempo kuring sameja jeung salakina, atawa aya batur, anu teu ngahaja melong kuring keur paduduaan. Atawa bisa waè, Si Papah balik deui, terus malikeun kaayaan. Beu!

Bangunna Pa Irfan maca géstur kuring nu teu puguh.

"Ibu badé sareng atuh uihna, sareng abdi?"  manéhna muka obrolan.

Kuring nolak, alesan mawa motor. Teu disangka-sangka, teuing meumpeung panggih, teuing kumaha, ana derekdek tèh Pa Irfan curhat. Kuring ukur bisa ngadengekeun, bari sakali-sakali ngelapan biwir ku tissue.

Pa Irfan teu heureuy, katempo panonna aya caian. Bangun matak sedih nu ditahan. Nyari-takeun kalakuan pamajikannana, nu begèr deui. Ku aralna téh, lain anu mimiti. Rék disèrahkeun, lain matak pihadèeun cenah, sok komo geus boga budak nu geus SMA. Embung.

Kuring gé, teuing kabawa ku suasana, teuing pèdah Pa Irfan curhat, sarua, ngaderek-dek curhat kalakuan Si Papah. Padahal geus ditahan-tahan, sangkan masalah teu betus ka batur. Teuing asa aya batur, sugan.

Pa Irfan olohok. Sigana teu nyangkaeun, kahirupan kuring sarua kusutna. Kuring oomatan, sangkan Pa Irfan bisa neundeun rusiah. Manéhna ngayakinkeun, yén manéhna bakal bisa ngajaga rusiah duaan.

Saenggeus bérés ngobrol, jeung ménta dipangmungkuskeun sangu nu teu kungsi ditoél, kuring amitan rék tiheula. Pesenan dipangmayar-keun ku Pa Irfan. Rada ngemplong ogé geuning, ari geus ngabudalkeun sakabèh kateungeunah haté mah.

Sapanjang jalan, kuring sumanget, rék ngabongkar kalakuan Si Sofia ka Si Papah. Komo bari jeung aya bukti di leungeun mah. Asa piraku manèhna teu sadar. Haté ngemplong. Aya hasilna ogé panalungtikan dadakan téh. Jalanan anu biasa macét, asa méréan, ngaremplong.

Motor lumpat gancang tur mulus nepi ka imah. Mobil Si Papah geus nyampak. Rada deg-degan ogé, sabenerna mah.

Pas muka panto, kasampak si Papah keur nyepengan hénpon. Bangunna keur kontékan. Kuring tenang asup, bari uluk salam. Si Papah ukur ngarérét saeutik, bari nuluykeun konsén kana hénpon. Niatna rék solat heula, satadina mah. Tapi teuing kumaha mimitina, kuring bet ujug-ujug pok ka Si Papah, ngeunaan Si Sofia. Si Papah teu tarima. Boraah jadi sadar.

Saméméh kuring nempokeun foto-foto keur barang bukti, Si Papah kaburu ngabelecir ka loténg mantèn. Kuring teu bisa kukumaha, ngan ceurik jeung ceurik tungtungna mah.  Rék bébéja ka kolot, ah, lain picaritaeun. Lain kadua jadi pialuseun, malah bisa jadi kolot gering pipikiran. Urang-urang kènèh anu ripuh tungtungna mah.

Geus wé ayeuna mah, cekelan rusiah, masing geus bocor ka Pa Irfan gé. Tapi rarasaan mah, manéhna bakal bisa ngajaga rusiah. Komo manéhna gé pan aya rusiah di kuring, moal mungkin macem-macem. Barina gé, jarang aya lalaki nu biwirna émbér bocor.

Batan ngungudag salaki anu dayus, tung-tungna kuring cicing di handap. Kuring iseng muka pesbuk dina hénpon. Sugan aya aktivitas si Papah. Ngahaja si Papah dijadikeun "teman dekat" dina pesbuk kuring, meh kabéh aktivitas manéhna kakontrol, lantaran sakabéh kagiatan nu dilakukeun ku Si Papah, bakal aya notifikasina kana pesbuk kuring.

Klik.

Bérébét notifikasi aktivitas si Papah kata-rima. Euweuh nu anéh. lolobana ditag ku batur. Lalaunan layar hénpon di scroll, ...bener can aya anu anèh. Tapi... ké... ké... kuring rada panasaran, tina sakabéh notifikasi, aya hiji nu nyengceling. Si Papah méré komén ka na foto awéwé. Bener wé, pas di-klik, éta Si Sofia tea, awéwé anu tadi.

Geulis pisan dina foto mah. Teuing maké kaméra 360, teuing cahayana anu pas. Kuring panasaran, ngaklik koméntar nu ngan ukur 7 urang. Si Papah ngomén pangheulana. Ukur dua huruf. SF. Kuring langsung ngahartikeun yen SF teh, Sofia Foréver téa. Gancang kuring ngacak-ngacak dinding pesbuk si Sofia Foréver. Pang-pangna mah, tempat gawéna, atawa alamat imahna.

Geus ampir kabéh discroll, tapi euweuh hasilna. Terus kuring balik deui, poho teu lang-sung muka profilna.

Kapanggih ogé tungtungna mah. Manèh-na gawé di pabrik bulu mata, jadi supervisor. Lumayan, rada jauh ogé mun dijugjug ku motor. Bisa sajam leuwih. Kuring ngasupkeun nomèr hènpon nu aya dina profil. Teuing masih aktif, teuing geus lapur. Maklum pesbuk mah bisa waé nomer nu heubeul. Ieu mah itung-itung baba-lèdogan wé... Mun masih kénéh aktif, nya sukur, mun geus teu aktif gé, nya wilujeng.

Iseng, kuring ngirim WA ka Si Sofia. Foto diganti heula ku gambar nu umum. Kuring makè gambar kembang anggrek, ngarah universal.

Kuring teu loba api-api, teu loba basa-basi, nga-WA hayang panggih jeung manéhna. Dua mata kahayang na mah. Lila ogé ngadagoan dibalesan téh. Tapi teu kungsi 30 menit, WA kuring disada. Haté ngadégdég.

 

***

Comments


EmoticonEmoticon